Kang Kumi, panginten Teh Ita mah leres da ngawilujengkeun ka nyalira janten
we wilujeng dongkap ... hehehe ... lamun ti urang nembe tah wilujeng sumping
ka teh Ita .. mangga ah dilajengkeun.

Salam,
Budyana


On 11/28/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Bagea, Teh Ita... Wilujeng sumping tur gabung di komunitas urang sunda
di internet.
Nepangkeun oge, kuring sikandar urang garut, kungsi sababaraha taun
nyuprih elmu di Bogor, ayeuna di Jakarta, tapi enjing duka aya di mana
deui...

Punten, ngalereskeun sakedik... Kalimah judul "wilujeng dongkap" teh
henteu merenah, sabab "dongkap" mah keur diri sorangan. Keur batur mah
"sumping", jadina "wilujeng sumping".

Mangga dilajeng, omat ulah pundungan, bisi disangka kolot, heheh...

Nuhun!

On 11/28/06, ita_mikar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   wilujeung enjing (mung ngabacana enjing)
> abdi teh nembe gabung di komunitas ieu.
> salam kenal.
> abdi ita ti bogor. tp damel di jakarta.
> hapunten bahasa sundana rada awon. ...
>

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id



Kirim email ke