Lamun anu gratis biasana mah sok parebut, anu mampuh ge kajeun jadi kandel
kulit beungeut ngaku teu mampuh supaya meunang gratis tea, malahan kapan
loba hal anu "teu gratis" ge jelema teh hayang gratis contona naek kareta
api tapi embung mayar tiket.
Lamun deuk ngomong adil, kapanan adil mah nempatkeun sagala rupa dina
tempatna, tah naha payus lamun jelema-jelema anu mampuh parebut "gratis"
jeung jalma nu teu mampuh bari jeung ngamang-ngamang "adil" tea?

Jadi sigana mah cara subsidi silang teh pas pisan tah, ngan balik deui ka
urangna bisa teu jujur ka diri sorangan ngeunaan hal ieu. Ngaku ka diri
sorangan sabaraha atuh kamampuan urang teh dibandingkeun batur. lamun ka
diri sorangan wae teu bisa jujur komo deui ka batur, kumaha deuk subsidi
silang ari kabeh ngaku teu mampuh mah atuh.

Tah sigana perkara jujur ieu oge atuh nu ku para pamingpin urang rada teu
kacepeng teh, sok wae ngaku "islam" cingan tingali kumaha kalakuanna, islam
teu. Kajeun teuing ngaran nagarana make kecap islam ari kalakuanna teu islam
mah kumaha deuk bisa jadi rahmatan lil 'alamin atuh. Sok we geura minyak
tanah leungit, rahayat leutik ngoceak teu bisa masak, kamana tah si minyak
teh leungitna, boa-boa kunu teu jalujur tea disumputkeun.

Ah kuring mah deuk ngoceak heula
...Minyaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaaakkkkkkkkkk .......

Salam,
Budyana


On 11/28/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Sapuk, pikeun Kang Budhi mah mayar SPP teh cukup 25 rebu we, ngan *25 rebu
yen* lain *25 rebu rupiah* heuheuheu...
Apanan Kang Budhi mah sapopoena oge de Jepun lin...?!


OTA
MT Haryono Kav. 4-5



kuring mah lain teu resep kanu gratisan teh, ngan leuwih resep deui kanu
adil.

sakola gratis lain teu hebat, ngan lamun nu asup sakola ka dinya anak
direktur BUMN upamana, nu gajina sabulan leuwih ti saratus juta, ceuk kuring
mah asa teu adil. meureun hadena mah bayaran sakola teh ditempo tina
pangasilan kolotna, asa wajar mun anakna pa direktur mayar SPP 5 juta
upamana, ari keur pantaran kuring mah *cukup we 25 rebu* oge...

aya kitu sakola model kitu nya ?

budhi
kurono kopo 241,_._,___



Kirim email ke