Enya kang lamun di Saudi mah, keur semah atawa lain urang saudi nu cicing di
Saudi
kudu nungguan 5 taun atawa lima taun sakali lamun rek ngahajikeun teh, tapi
lamun rek umroh mah iraha wae sadaeknna. tapi kitu oge aya wae jelema (hartina
lain urang Saudi) ngahajikeun unggal taun , carana susulumputan make jalan
beurit , supaya teu kanyahoan meuntas wates atawa miqot tea.
Tah kumaha jeung urang Saudi-na dina usum hajian lamun menehna teu
ngahajikeun,
utamana anu imahna disabudereun Mekkah atawa Madinah, tah maranehna indit ka
tempat-tempat anu tiiseun, jiga ka basisir laut atawa nu lian nu jauh tina
raramean,
ngaradon kemah.
tos heula ah. sok wilujeng anu bade angkat haji, kade tong hilap nyandak
jeket kumargi tos usum tiris.
hdyst
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aya beja pabeja-beja cenah di qatar mah mun hayang mindo haji kudu
nunggu tilu taun heula... bener kitu? punten ah kusus ka baraya sunda urang
qatar.
dh
On 11/29/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring oge Satuujuuuu...
Sok ah urang rojong...., hehehehe, rojong kapamerentah supaya ngaluarkeun
aturan Haji cukup sakali, sareng anu kedah diperhatoskeun batiniahna tina
Ibadah Haji, ulah simbulna wungkul....
----- Original Message -----
From: tantan hermansah
To: [email protected]
Sent: Wednesday, November 29, 2006 1:10 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: Haji Pengabdi Setan
Si kuring satuju sareng paninggali KH ALi Musthafa.
Leres, Hajji anu kategori Fiqh-na Sunnah Muaqqad teh, tiasa janten haram nalika
aya satumpuk kawajiban anu lewih atra tur urgen di hareupeun urang, kalah ka
teu ka tolih.
Jadi emut ka salah sahiji sepuh kuring di bayongbong (alm). Anjeuna, sok
sanajan beurat benghar, kaleresan mung gaduh putra kukut wungkul saurang, gaduh
pamadegan, yen haji mah sakali bae. Saur anjeuna, ganjaran ngadamel
sakolaan--boh agama atanapi sakola umum--atawa ngarenovasi sangkan hade deui
tur layak, langkung ageung batan hajji anu kadua jst.
Ceuk anjeuna, teu payus mun aya keneh sakola anu rubuh, budak anu teu bisa
sakola, tapi urang hajji sababara kali.
Sigana pamarentah geus kudu ngaluarjeun kawijakan anu leuwih stratehis dina
masalah hajji, nyaeta: ngawatesan sabaraha kali meunang hajji, terus supaya teu
loba daftar tunggu, faktor umur oge. Contona, hajji maksimal ngan dua kali, tur
umurna minal 35. hehe. JAdi siga kuring, masih keneh lila. haha
tantan
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
---------------------------------
Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful email and get
things done faster.