Haturan Kang Maman
 
Enya baheula mah basa jaman ololeho, jaman liang irung
hideung kupucuk damar, asa pernah ningali anu ngarana
Caladi Bawang, enya warna na teu jauh ti warna bawang
beureum heuheuheu... (enyaan Kang ieu mah)
 
Ngan dina dongeng eta asa aya nu ngagerenjel, nyaeta
kawina Kanjeng Prabu Selang Kuning jeung Putri
Gandawati anu turunan Jin, tuluy ngabogaan budak.  Tah
lamun di jujut kana elmu biologi kitu ngarana ?
pertarosana "Naha tiasa kitu manusa jeung bangsa Jin
'kawin'..?" tuluy boga budak ?
 
Duka ketang mun bangsa Jin na nyurup kana waruga
jalma/manusa mah.  Aeh..enya kapanan eta mah ngarana
oge dongeng hehehehe.. Barina oge Gusti Allah mah Maha
Kuasa nya.
 
baktos
Kebo
 

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> mun sakalian pangtarjamahkeun atuh... jadi
> su.wikipedia.org/wiki/Caladi
> 
> On 11/29/06, datiparang <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> >   bener mang... kitu cenah. caladi
> (woodpecker:picinae) eta ngaran
> > subfamily dibagi deui ka sababaraha genus (cek
> wikipedia), salah sahijina
> > nya dendrocopos eta. unggal genus ngabogaan
> sababaraha spesies, dina genus
> > dendrocopos salian ti sunda woodpecker, aya oge
> sulawesi woodpecker, *dendrocopos
> > temminckii
> > *lengkepna cek gan wiki bisa ditoong di:
> > http://en.wikipedia.org/wiki/Woodpecker
> >
> 



                
________________________________________________________ 
Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik terhadap spam. 
http://id.mail.yahoo.com/

Kirim email ke