Cibingbin mah da katelahna oge desa santri Kang. Pantes mun walimatul 
urusy sok ngayakeun hataman Al-Quran heula. Heuheuheu beda jauh jeung 
kabiasaan di Ciroke mah, sok sanajan dua-duana sarua aya di wewengkon Kab. 
Kuningan. Kitu deui di desa kuring, aranglangka mun walimahan dipapaes ku 
haleuangna sora qori nu maca Quran.


Cag ah,
OTA
Urang Kuningan
 


Leres Pisan hataman didieu maksadna Ngaos Al-qur'an
timimiti Surat ka hiji (Al-Faatihah) dugi ka Tamat
(surat ka 114 An-Naas) muhun carana bergilir.
114 surat berarti 114 kali ngalungkeun artos kana
baskom.

Biasana nu ngiringan hataman teh rerencangan panganten
Istri.

Muhun di Cibingbin ieu mah aya kabiasan kitu teh. Duka
tah upami dilembur Kang Idud.

Upami dilestarikeun teh saur abdi mah kalintang saena
tah.

baktos 
Kebo Hideung._,___ 

Kirim email ke