Awi Kamari mah narima email ti babaturan nu gawe di hiji pausahaan komunikasi/marketing di Hong Kong, nu salah sahiji klienna pabrik peripheral jeung memori di Shenzen jeung Guangdong. Eusina, nawarkeun flash disk jeung sarupaning memory card. Kaitung murah: USB flash disk 128 mega ngan Rp 30 rewu, pesenan minimal 500 siki. Kaonjoyan lianna: Ngaran pausahaan atawa lembaga nu mesen bisa dicitak dina eta (cangkang) flash disk. "Bisi aya pausahaan nu rek promosi," ceuk eta batur. Enya. Eta flash disk generik teh bisa jadi suvenir atawa merchandising. Malah, mun daek, urang bisa ngajual flash disk ku merek sorangan. Karep daek, jeung boga modalna. Ngan, nu matak kuring kataji mah beja lianna: pabrik peripheral nu jadi klien manehna ngaluarkeun monitor, key board, jeung mouse nu dijieun tina ... awi! Heueuh, tina awi. Lain tina mantega atawa ulen. Tangtu bae, nu dijieun tina awi teh cangkangna. Lain jerona. Ningali gambar nu ditangkodkeun ku eta batur, kacirina eta produk teh alus. Kasawang awi teh lemes jeung leuleuy, lentur. Teu beda jeung plastik. Sanajan, kuring sorangan teu pati resep kana kelirna. Kurang natural. Jadi jiga kai, deukeut ka coklat. Mun deukeut ka bodas atawa koneng saheab, sigana leuwih alus. Teu matak heurin kana panon. Sanajan kitu, kuring reueus ningali kamotekaran urang Cina teh. Kurang ti 5 taun saprak maranehna ngayakeun reformasi ekonomi, cocoan budak nu kualitasna sarua jeung Lego merul ka nagara urang. Taun 90-an ahir nepi ka kiwari, giliran motor, kaen, jeung barang elektronik. Antukna: Urang tangtu masih inget sawatara mangsa ka tukang, waktu nu nyarieun imah harookeun pedah harga beusi apung-apungan. Bari, rada hese neangannana di matrial. Da, eta: 20% produksi beusi dunya harita diborong ku urang Cina, nu keur tihothat nyieunan pabrik jeung gedong jangkung di nagarana. Tihothat ngawangun pabrik teh dibarung ku ngawangun "iklim yang kondusif". Di antarana, merangan korupsi kalayan suhud. Sakur jalma nu kanyahoan nyalikong duit nagara diberok atawa dihukum pati pisan. Antukna, lian ti dipikaajrih dina soal merangan korupsi, Cina jadi pangjugjugan investor. Komo, sawatara pemdana kaitung aktif jeung motekar dina neang jeung ngolo nu baroga duit teh. Maranehna, sakumaha swasta-swastana, teu mangmang nyewa pausahaan-pausahaan PR jeung biro iklan gede keur narik investor. Hiji batur kungsi nyaritakeun pangalamannana waktu nedunan ondangan hiji pemda di Cina. "Kita dijemput mulai dari atas pesawat, secara personal. Begitu turun, karpet merah terhampar. Kita bagai tamu kehormatan," ceuk manehna. Hasilna: Lain bae Gus Dur kungsi nyodorkeun koalisi ekonomi Indonesia-Cina-India, tapi urang Patrol, urang Wanayasa, urang Pameungpeuk, atawa urang Cibingbin, jeung Cidaun, bisa meuli DVD player nu hargana teu leuwih ti Rp 200 rewu! Bari kualitasna, asana, teu eleh-eleh teuing ku buatan Jepang. Atuh, lain bae kontraktor urang nu pating gorowok. Nu baroga pabrik tinun jeung produsen barang elektronik ge sarua pating koceak. Teu kuat nandangan maceuh jeung murahna barang-barang ti Cina -- boh nu asupna legal, boh nu salundupan. Balik deui kana perkara monitor tina awi, kuring jadi inget ka hiji batur, Tionghoa, urang Serang, nu kiwari geus almarhum jeung Pa Anang Sumarna, manten Kepala Dinas Pariwisata Jabar. Pa Anang, alumni senirupa ITB, konsisten dina ngaropea awi. Studiona di Cibeureum, Bandung, pinuh ku sarupaning kamonesan tina awi. Sanajan, keur kuring, desainna kitu-kitu keneh. Ngan, nu kuring nyatujuan, pamendak anjeunna, waktu diwawancara ku hiji majalah -- mun teu salah taun 97. Anjeunna rumahuh pedah urang teu pati mirosea potensi awi. Kateupadulian urang kana awi kabuktian oge ku batur kuring nu kiwari geus almarhum tea. Harita, taun 87-an, manehna nyodorkeun proposal riset ngeunaan mangpaat awi pikeun bahan wangunan jeung produk industri lianna. Euweuh hiji oge instansi, kaasup swasta, nu kataji ku eta proposal. Nepi ka maotna, taun 2000, eta proposal teh euweuh nu ngawaro saurang-urang acan. Padahal, keur kuring, eta proposal riset teh kawilang "aheng" jeung "futuristik". Harita, dasawarsa 80-an, urang keur ceuyah ku kayu lapis (triplek). Bob Hasan tihothat nyewa (jeung ngadegkeun) pausahaan PR keur merangan opini nu digorowokeun ku kalangan lingkungan ngeunaan pentingna mulasara leuweung tropis, nu museur dina kampanye boikot produk industri kai urang. Ari awi, nepi ka kiwari, teu jauh tina saukur bahan bilik, pager, jeung parabot dapur. Kitu ge parabot dapur tina awi teh geus loba kasilih ku plastik. Paling, siga nu dilakukeun ku urang Rajapolah jeung Pa Anang ti taun 70-an, jadi craft atawa karajinan tangan. Kituna teh, ceuk tadi ge: Desainna teu jauh ti nu geus aya -- teu matak narik nu rek meuli. Aya oge, sih, sawatara parabot tina awi nu kaitung motekar, saperti korsi jeung tempat hees. Tapi teu jadi mainstream. Dibandingkeun desain produk hoe, misalna, awi jauh tinggaleun. Kuring sorangan teu inget, sabaraha persisna potensi awi di Tatar Sunda harita nu dicatet ku eta batur -- oge nu ditaksir ku Pa Anang dina wawancarana. Pon kitu deui dina mangsa kiwari. Sigana mah kawilang gede. Pan, di urang mah, teu sirikna aya di unggal lembur kebon awi teh? Malah, di sawatara wewengkon mh, awahing ku lega, lain deui kebon awi. Tapi, leuweung awi. Tah, eta batur boga kahayang: Kumaha sangkan awi pasipatannana nu regas bisa leuwih kuat, leuwih leuleuy, nepi ka bisa jadi bahan produk-produk industri. Naha jadi bahan utama atawa ngan sakadar bahan tambahan. Produk-produk atawa bahan bangunan nu dierong ku manehna ti mimiti tehel, panel, nepi ka kusen. Malah, cenah, manehna oge mikiran kumaha carana sangkan awi bisa jadi bahan nyieun kertas, lawon, pangdiukan korsi, setir mobil, jeung parahu. Kumaha ngolah awi nepi ka bisa siga fiber plastik atawa tapas kalapa nu kiwari sok dijarieunan bemper mobil jeung nu lianna. "Sangkan urang bisa nyieun barang tina awi nu desainna alus, bari -- mun ditakol -- ngabelentrang siga beusi atawa plastik, kuat puluhan taun," ceuk manehna, harita. Ku pikirna, mun urang bisa ngaronjatkeun jeung mekarkeun mangpaat awi, tangtuna leuweung kai, nu jadi panyicingan atawa panyangked cai jeung taneuh, bisa leuwih kajaga. Sanajan, ceuk manehna, tangkal awi oge bisa jadi sengked keur nahan erosi. Malah, dina hal sengked ieu, tangkal awi leuwih alus manan tangkal kai. Nu harita manehna can nyaho, kakuatan tangkal awi salaku panyangreud cai. "Nu jelas, lian ti leuwih murah, melak awi leuwih gampang. Jati karak bisa dipanen umur 5 taun. Kitu ge kaitung ngora. Da, nu alusna mah nu 10 taun ka luhur," ceuk manehna. Ari awi? "Bisa jadi sarua. Bedana jeung kai, melak awi cukup sakali". Enya. Pan awi nu umum aya di urang mah sok ngadapur. Sabibit teh sok sirungan, baranahan, nepi ka jadi belasan atawa leuwih ti 20 leunjeur -- ngadapur tea. Nu dipanen nya nu diperlukeun wungkul. Naha ngan nu ngorana, naha nu kolotna wungkul. Teu kabeh dibabad. Siga disebut di luhur, nepi ka nu boga alpukahna maot, eta proposal teh euweuh nu malire. Karak dua atawa tilu taun ka tukang kuring manggihan tehel (parket) tina awi, nu meh deukeut jeung naon nu diimpleng ku almarhum. Ngan, nyakitu, kelirna teu matak narik ati. Meulah jeung motongna ge teu rata. Siga nu dibebek ku bedog kitu bae, teu make mesin. Kitu deui beungeutna. Teu lemes siga nu kasawang ku kuring waktu ningali foto monitor buatan Guandong tea. Dalah jeung triplek atawa parket jati ge, eta beungeut tehel awi teh karasa garinjulna. Lian ti eta, kuring kungsi ngadenge aya dosen UGM nu keur nalungtik awi salaku bahan bangunan. Utamana bahan partisi atawa panel, gaganti triplek atawa bilik. Ngan, kuring can ningali kumaha hasilna. Naha lemesna sarua jeung asbes atawa gipsum? Atawa siga multiplek atawa hardboard? Oge kuat jeung liatna. Tapi, kumaha-kumaha ge kualitasna, nya sukur pisan. Lain bae pedah implengan almarhum bisa kabuktian, tapi urang bisa ngamekarkeun mangpaat awi keur kahirupan nu leuwih jembar, merenah jeung raharja. Hotel Mesra, 3 Agustus 2006
Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441 --------------------------------- Access over 1 million songs - Yahoo! Music Unlimited.

