Tongtolang nangka,
kawinan bapa,
teu beja-beja .....

Aa Gym nyandung? keun we da meunang ...hehehehe. Ngan nu rada aneh 
teh naha make disumput-salindungkeun? da ari ajengan mah geus 
dimaklum istrina sok leuwih ti saurang. Nyandung di urang katingalina 
TEU PATI DITARIMA KU UMUM (PUBLIK), buktina Aa Gym oge sumput-
salindung, embung kanyahoan ku umum. Ceuk beja rumor di millis 
sabeulah mah, Aa Gym nikah nu kadua kalina di Luar nagri, ari nu 
ngawinkeunana Pa Miftah Farid. Duka leres henteuna mah.

Budak awewe Aa Gym, batur kuliah budak kuring di ITB, kakara asup. 
Bulan puasa kamari anak si Aa ieu, ngondang batur kuliahna buka 
bareng di imahna, kaasup anak kuring. Ceuk anak kuring, budak Aa oge 
asup LSS-ITB (lingkung Seni Sunda). Ku ayana ramena wartos soal 
bapana, mudah2an we budak Aa teu kaganggu konsentrasi kuliahna, 
karunya ...

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "reka gayantika" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Hihihihi,,, Kang Im meni ngajurung2 wae euy. Iraha atuh kuring nya? 
sakola
> ge can beres, gawe oge acan. bororaah rek nulungan, masih keneh 
tulunganeun.
> heuheuheu... tong nyalip heula atuh kang... kalem... Agehan heula 
para
> bujangan yeuh. heuheuheu...
> 
> -Bohay-
> 


Kirim email ke