Kagiridig ku tutulisan Kang Maman ngeunaan awi, ieu didaurulang tina postingan ti heula sarua ngeunaan awi, utamana nuduhkeun kumaha beungharna TS dina unak-anik pepelakan jenis awi.
Tulisan ieu kungsi dipairan ku Kang Ganjar, Mh, oge sababaraha netters sejenna. Satemenna, awi hiji sumber daya TS anu potensial pisan dimekarkeun. Malah dina implengan kuring mah nya awi engke anu baris jadi hiji solusi pikeun usaha-usaha teknologis jeung lingkungan dina raraga kahirupan anu ramah lingkungan. Fungsi awi keur miara lingkungan geus teu kudu dicaritakeun deui. Ti mimiti akarna anu gede kacida manfaatna keur nyerepkeun jeung mersihan cai hujan nepi ka jadi cai nyusu bahan atah cai anu bersih inumeun urang sapopoe. Akar awi oge nguatkeun lahan tug nepi ka teu gampang urug upama turun hujan atawa aya panggeubig linin. Daun awi oge salah sahiji bahan gemuk organik anu hade. Rungkun awi kacida manfaatna keur niiskeun jeung meresihan hawa, zat anu kacida ku urang diperlukeun. Ari tangkalna mah geus teu kudu dicaritakeun deui, ti mimiti tangkal anu ngora anu jadi bahan kadaharan (iwung), pakakas rumah tangga, jeung sarana lianna kahirupan sapopoe, enggeus jeung eukeur dijieun tina awi. Malahan mah keramik tina awi oge geus aya uji cobana tur leuwih punjul (murah, kuat jeung teu ngaruksak lingkungan). Ajen jeung lalakon awi keur kahirupan sapopoe ka hareup bisa leuwih dironjatkeun ku tambah ningkatna kasadaran masyarakat kana perluna kahirupan anu ramah lingkungan. Wawadahan jeung pakakas anu ayeuna maceuh dijieun tina bahan pelastik ka hareup kudu diganti ku bahan anu bisa didaur ulang. Awi calon pinunjul pikeun eta bahan anu dimaksud. Sagigireun budaya nyieun alat tina awi anu kudu dihudangkeun deui sabab ayeuna geus meh kabeh kalindih ku alat anu bahanna tina pelastik, urang oge mungkin nyieun pakaks anyar tina awi keur gaganti alat-alat tina pelastik anu ceuk ijiran ayeuna asa teu mungkin dijieun tina bahan daur ulang saperti awi. Upamana wae, lodong awi eusi 1/4 ltr, 1/2 ltr, nepi ka 1 ltr pikeun ngaganti botol plastik aqua anu tina jihat lingkungan mah kacida teu ramahna, eta bisa dijieun tina awi. Pon kitu deui, naon rupa anu dipedar ku Kang Maman dinapostingan anyarna dina jejer awi. Ngan nyaeta, proposal-proposal keur usaha-usaha model tadi - siga anu dipaju dina surelek terusan di handap ieu - mindeng nyangsang jeung ngarandeg, teuing dimana. Hayu atuh urang ningkatkeun deui kanyaah kana awi, ulah ukur diabadikeun jadi ngaran tempat model: Ciater (tina awi jenis Ater), Citamiang, Rangkasbitung, Cigombong, Selaawi, Haur Pugur, Ciawi, jeung saterusna. Pikeun literatur ngeunaan awi mah teu kudu salempanng, di pabetekan kuring aya sabagean leutik, atuh loba tumbu anu bisa dihubungan (saperti Kamentrian LH jeung LSM-LSM anu giat dina miara jeung ngaronjatkeun ajen awi). Cag heula. Hampura panjang teuing panganteur surelek terusan teh. baktosna, manAR --- In [email protected], oman abdurrahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Minggu-minggu ieu teh keur soson-soson mukaan literatur ngeunaan awi. Taya lian dumeh aya sobat anu minangsaraya hayang dibantuan nyieun proposal pikeun ngahejokeun lahanna kurang leuwih 10 ha di Parongpong. Hayang dijieun lahan panaratas puseur studi jeung wisata lingkungan awi, saurna. Sakalian minangka ilubiung kana nyalindungan unak-anik tutuwuhan bangsa awi-awian jeung konservasi taneuh wewengkon seserepan cai, saurna deui. Nya seug, cekeng teh, sugan bisa ngaringkeulkeunana. Lumayan aya pangalaman tea mah basa ngarumuskeun kabuyutan Citarum Hulu tea, sosialisasi tata ruang DAS Citarum Hulu migunakeun deukeutan budaya (duka tah hasil heunteuna mah kagiatan anu akhir disebut bieu teh da si kuring mah lain ti bagean inspektorat pamarentahan Jawa Barat). Awi teh hiji tutuwuhan anu sulit ditandingan ku tutuwuhan naon bae oge dina lebah loba rupa jenisna (taxa), tempat hirupna (habitat), lega sumebarna, jeung kagunaanana keur kahirupan manusa. Kitu ceuk hiji literatur. Enya nyakseni, da geuning awi mah loba pisan jenisna teh. Ceuk hiji buku , leuwih ti 100 jenis (genus) awi, bisa hirup ti mimiti dataran handap (basisir) tepi ka 4000 m luhureun beungeut laut. Lebah manfaatna oge nya kitu keneh, kasaksian ti mimiti keur alat kahirupan rumahtangga sapopoe, bahan wangunan, bahan-bahan karajinan, alat-alat kasenian, jeung cindramata sejenna kabeh tiasa dicumponan ku awi. Manfaat lingkungan: nyerepkeun ci hujan kana jero taneuh, keur ngaherangkeun cai taneuh, dauna anu garing jadi gemuk organik anu pohara alusna. Hiji buku netelakeun ajen ekonomi awi anu sakitu gedena. Kakuatan "daya lentur" awi ratusan kali beton. Awi, ceuk para ahli pangwangunan jeung lingkungan hirup, bisa dijadikeun pananggeuhan keur kaajegan lingkungan jeung kaamanan eknomi hiji wewengkon. Asia tenggara ngarupakeun surga keur awi-awian. Tina sakitu lobana bangsa awi-awian saalam dunya, 8 diantarana bisa disebut tutuwuhan khas Jawa Barat, sabab ceuyah pisan kapanggih sumebar di sakuliah Tatar Sunda. Tina anu 8 bangsa teh aya hiji anu ngarupakeun tutuwuhan langka anu kapanggihna ukur di Tatar Sunda. Nya ieu anu disebut awi endemis Tata Sunda teh. Ieu awi endemis Pakalengan, Kabupaten Bandung teh katelahna ku sebutan awi Eul-eul tea. Ari ceuk basa sakola na mah (kuduna ditulis ku hurup nyanggereng): Nastus elegantissimus Neng Eul-eul teh. Manggihan tutuwuhan endemis teh kalintang pikeun ahli biologi jeung botani mah jadi kasono. Saheunteuna, manggihan anu antik. Jeung deui upama karek kapanggih apan bisa jadi bahan disertasi atawa aya hak mere ngaran ilmiah kana eta papanggihan. Nyaan pantes disebut si geulis anu antik awi Eul-eul teh, sabab saalam dunya upama hayang terang habitat jeung kumaha cara hirupna ieu Neng Eul-eul wayahna kudu ngahajakeun datang ka Pangalengan. Kapayun manawi pareng, waktuna nataan naon bae ngaranna anu 7 sesana bangsa awi anu khas atawa ceuyah kapanggih di tatar Sunda. Tetela geuning, loba ngaran awi anu pakait jeung ngaran wewengkon, nyaeta anu kaasup toponomi tea. Aeh, apan ngaran-ngaran Ciater, Cicalengka, Citamiyang, Bunar, jsb na eta teh asalna tina ngaran awi. Geus lir ari Ciawi, Kandanghaur, Gegerbitung, jeung Gombong mah. Keun sugan aya waktu ngadadarkeunana. Ayeuna mah geus kumejot hayang ka Pangalengan. Rumasa salila ieu kungsi nyaba ka beulah dinya teh teu kungsi ieuh alak-alak ilik ka lebah rungku awina. Sugan teh teu aya Neng Eul-eul anu camperenik di Pangalengan. Hayu, bilih aya baraya anu maksud nepungan Neng Eul-eul, urang sareng ka Pangalengan, sakalian niis. Baktos, manAR --------------------------------- Do you Yahoo!? Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term' [Non-text portions of this message have been removed] --- End forwarded message ---

