Nu Manggih Soul Mate
   
  Geus lila teu panggih jeung manehna teh. Paling anyar, taun 2004. Samemeh 
manehna miang ka hiji kota leutik di Amerika, nohonan ondangan ti hiji LSM 
kasenian jadi visitor artist di eta kota. Tepung teh, harita, bane bae kuring 
ngilu mere referensi. Kungsi panggih sabaraha kali di sawatara acara kasenian, 
tapi karah silih gupay. Atawa kadar sasalaman, ngobrol sakeudeung -- manan 
heunteu pisan. Kontak deui  waktu Harry Roesli maot. Kuring nelepon manehna, 
ngajak takziah. Eta ge teu tepung. Da, manehna teu bisa milu. Keur kagok ku 
pagawean cenah. Ngajurung ku dunga bae.
   
  Ari minggu kamari, meh tengah peuting, kirining nelepon. "Lagi ngapain, lu?," 
ceuk manehna. Ku kuring dijawab rek ka enggon. Tunduh. Da, enya. Solat Isa ge 
asa lila. Lain ku khusu. Tapi, nginget-nginget babacaan, da pipikiran geus 
reupreupan, hayang sare.
   
  "Temenin gua, dong. Gua lagi di BB's, pengen ngobrol," ceuk manehna. 
  "Wah, sori, Ji. Gua ngantuk banget. Besok ajalah. Sekalian nonton si Tony," 
ceuk kuring, inget yen di dinya teh tempat manggungna si Tony, urang Semarang 
nu resep ngalagu reggae. (Lain ngalagu rame).
   
  Peuting isukna, nepi ka jam salapan telepon teu ngirining bae. Pon kitu deui 
jam sapuluh. Ari satengah sawelas ku kuring ditelepon, kadenge sora 
brangbrengbrong. "Lagi di mana?," ceuk kuring. "Di Batavia!," ceuk manehna 
ngagorowok. "Sebentar lagi gua on the way ke sana," ceuk manehna deui.
   
  Enya bae. Teu lila, manehna nelepon. "Gua udah di depan Hotel Nikko, nih," 
ceuk manehna. Maratkeun heula pagawean nu tinggal saeutik, kaluar ti imah 
kabeneran aya tukang ojeg ngaliwat. Belenyeng ka Menteng. Nepi ka nu dijugjug, 
manehna geus nyampak. Teu obah gaya. Dandanan teu weleh nga-ABG: Calana sontog, 
oblong kayas, rompi korduroy kelir kekembangan, sapatu kets beureum,  rangsel 
biru. Beuteungna nu mimiti bentelu  teu katutupan kabeh, bujalna meh katingali. 
Paromanna teu weleh sumringah, pinuh ku sumanget hirup.
   
  "Apa kabar, boss?," ceuk manehna bari ngarawu leungeun kuring. Nuyun ka jero 
cafe. 
   
  Karek ge gek, geus golosor inumeun. Tayohna, manehna geus mesen ti tatadi. 
Kituna teh bari nganyahokeun kuring nu teu bisa nginum alkohol,  manehna hideng 
mangmesenkeun cai jeruk.
   
  Sanggeus nanya itu ieu perkara pagawean, manehna nyaritakeun kahirupan 
rumahtanggana. Singhoreng, geus aya dua taunna manehna tara  sare di imah. Mun 
teu di studiona, nya di hotel. Kituna teh, mun sakalina hulu cangkeul alatan 
gawe mangpoe-poe, ngadon kukuluyuran heula ti hiji cafe ka cafe lian -- jiga 
poe-poe harita.  "Tutup yang di sana, gua ke sini. Gitu aja seterusnya. Nyari 
cafe yang masih buka," ceuk manehna, tatag, teu kadenge mangkarunyakeun diri 
atawa naon. "Udah tua baru jadi Basquiat. Hahaha...," ceuk manehna deui, mimiti 
ngupahan maneh.  
   
  Alatan sering hirup di cafe,  nya manehna wanoh jeung pagawe-pagawena. Nepi 
ka, ceuk carita manehna, teu saeutik pagawe-pagawe cafe nu remen ngumaha duit 
mun sakalina maranehna perlu mayar kontrakan atawa mayar kuliah. "Kalau lagi 
ada, ya gua kasih. Kalau nggak, mau gimana lagi?," ceuk manehna. 
   
  Kuring percaya kana omongan manehna teh. Eta bae, harita, sanajan korsi-korsi 
lian geus ditangkub-tangkubkeun, geus waktuna tutup, meja kuring duaan teu 
ditoel-toel acan. Najan sabaraha urang katingal geus baralik, sawareh mah 
ngadon ngagimbung di juru. Bisi ieu langganan istimewa aya perlu.
   
  Ari ieu batur, keur mahasiswa, prestasi akademikna kaitung nyongcolang. Malah 
kungsi jadi mahasiswa pinunjul sagala. Pon kitu deui lukisan-lukisannana. Koas 
teh motah, ka ditu ka dieu. Kelir-kelirna rame, pating seledek dina kanvas. 
Nepi ka, harita, lian ti Rahmaiani, nya manehna nu ceuk implengan kuring 
sabatur-batur bakal jadi seniman kahot teh. Malah, waktu hiji lembaga di 
Walanda mere bea siswa, manehna salah sahiji mahasiswa nu dicalonkeun. Ngan, 
eleh "gelo" ku Neng Yani. Bea siswa eta memang diajangkeun keur mahasiswa nu 
bener-bener hayang jadi seniman. Ari manehna, najan enya ge keur ukuran kuring 
mah kaasup jalma motah, gaya hirupna leuwih tartib manan nu lian. Malah, 
harita, cita-citana ge jadi "seniman dan pengusaha kaya".
   
  Wawuh teh nya pedah remen tepung. Mun teu di tempat barudak Anak Merdeka, 
tempat kostna si Yayak Kencrit jeung Susiawan, nya di imahna Harry Roesli. 
Malah taun 85, kuring kungsi mantuan manehna nyieun workshop di imahna Harry 
Roesli -- bahan pikeun skripsina. Nya ti harita deukeut  teh. Malah jeung 
dulur-dulurna ge kuring jadi warawuh.
   
  Lulus sakola, loba nu ngarasa kaleungitan. Alatannana, manehna dianggap 
leuwih beurat kana dagang manan kana kaseniannana. Sanajan sabaraha kali 
pameran, dianggapna nya lukisan-lukisan dagang tea. Lain "karya seni". Ongkoh, 
teu euleum-euleum, nyieun pausahaan ge ieu batur mere ngaranna teh  "CV Usaha 
Serba Dagang Gambar". Kungsi usaha jeung batur saangkatannana,  teu lana. Siga 
nu papalimpang jalan: Nu hiji hayang jadi seniman, ari ieu hayang jadi 
usahawan. Antukna eta usaha teh bubar. Baturna diganti ku nu lian,  kantorna ge 
pindah ka Tebet, nginjeum imah Bugis lanceuk beuteungna, teu jauh ti imah 
mitohana. 
   
  Nya, waktu di Tebet eta, kuring kungsi pagilinggisik deui jeung manehna. 
Kabeneran majalah tempat gawe dibredel. Kuring jadi copy writer amatir di 
pausahaan manehna. Ngan kitu, sanajan manehna geus sakola manajemen ge, keur 
kuring, cara gawena nyeniman keneh. Di kantor teh karah loba ngobrol nu 
lian-lian. Lain migawe atawa ngadiskusikeun pagawean. Nu paling geuleuh: 
Ngalakonan gawe teh keukeuh make rumus mahasiswa, SKS, sistem kebut semalam. 
Atuh, hasilna kurang nyugemakeun. 
   
  Sakalina meunang gawe nyieunan videoklip, manehna sok rada purunyus. Make 
rajin nganteurkeun balik si artis atawa model nu aya dina eta pagawean sagala. 
Sanajan jauh tina ngabaruntakeun rumahtanggana, paling heunteu can kajadian, 
kungsi oge kuring, salaku pimpinan produksi, ngilu nyarekan.  "Nganterin cewek, 
kan cukup pake sopir? Nggak usah lu sendiri yang nganterin," ceuk kuring. Lain 
nanaon, ambeh teu nimbulkeun fitnah. Beh dituna, nya bisi ngaganggu kana 
pagawean. 
   
  Komo, saencan ngilu nyarekan, kuring geus ningali tanda-tandana: Lain mantuan 
kuring nyeukseukan, manehna karah ngabela hiji artis nu elat datang ka pagawean 
nepi ka ...tilu jamna! Ti harita, kuring teu percaya mun kuring bisa gawe 
bareng jeung manehna. Ongkoh, ayeuna mah kantorna ge geus bubar deui. Manehna 
nyieun usaha lian, bari jauh,  di Sawangan, teu jauh ti imahna -- cenah.
   
  Ari pamajikannana, tangtu bae kuring wawuh. Bubuhan, baheula, keur mahasiswa, 
kuring sok ngedrop manehna mun sakalina manehna apel teh. Ongkoh, kabogohna teh 
mahasiswi Unpad,  saasrama jeung babaturan safakultas kuring, di asrama putri 
nu di Dago tea. Nya sakalina ulin ka dinya teh, kuring ge sok panggih jeung 
kabogoh eta batur teh.
   
  Sakitu bobogohan ti jaman sakola keneh,  diteruskeun ku kawin saberes kuliah, 
nepi ka kiwari nu cikal meh lulus SMA, singhoreng,  rumahtangga eta batur teh 
-- ceuk pangakuan manehna -- awet rajet. "Bini gua itu orangnya dingin. Dia 
tahu mana lukisan yang bakal laku, mana yang nggak. Tapi, dia nggak bisa diajak 
ngobrol soal kesenian atau soal-soal sosial," ceuk manehna. Kituna teh bari 
sasadu, rumasa yen salila taunan bobogohan manehna teu ngawangun komunikasi nu 
intens jeung pipamajikeunannana harita. "Lu tahu sendiri, gua ketemu cuma malem 
minggu," ceuk manehna.
   
  Masih ceuk manehna, mangsa di Amerika, ngarasa sono ka anak pamajikan, 
manehna ngahaja datang ka wartel nu jarakna aya kana sakilona ti tempat 
cicingna. Rek nelepon. Bari, harita, cenah, keur tiris-tirisna. "Eh, baru juga 
nyambung, dari sana bini gua teriak-teriak soal duit. 'Ji, gimana ni, Ji...'," 
dongeng manehna..
   
  Padahal, waktu di Amerika eta manehna ningali kumaha urang ditu ngebrehkeun 
kanyaah jeung kasono ka pamajikan atawa salaki. "Tiap ketemu, mereka saling 
bilang I love you. Ciuman...," ceuk manehna. Intina, nya  waktu di Amerika eta 
manehna asa manggihan deui dirina. Nu sawareh, keu kuring, asa jijieunan. "Gua 
pengen jadi seniman!," ceuk manehna. Har, ari Ujang? Salila ieu nyaneh teh jadi 
naon? Ceuk kuring dina hate. Karunya oge ku telatna ieu batur.
   
  Keur kuring, sanajan batur nu lian mah nganggap manehna tukang dagang, lain 
seniman, ceuk kuring mah nya eta-eta keneh. Jeung deui, naon salahna seniman 
dagang? Atawa nu dagang oge seniman? Ari bener mah? Ongkoh, mun diimeutan 
leuwih telik, pan ti mahasiswa ge manehna mah geus kitu: Lian ti hayang sukses 
dina kasenian, oge hayang jadi pengusaha. Naon salahna?
   
  Enya ge ngaranna tara disebut-sebut di kalangan nu ngalulugukeun "wacana", 
manehna kaitung moyan keur ukuran Jakarta mah. Ceuk nu leuwih nyaho, dina hal 
dipikaresep ku pasar, manehna sauted handapan Hanafi. Eta bae, mun  
kaparengkeun ulin ka sawatara hotel atawa cafe, lukisan-lukisan manehna reuteum 
ngeusian eta wangunan. Boh di lobby, boh di sawatara rohangan lianna. Tina 
kituna mah ulet usahana teh. Sabaraha lembaga loba make kabisana. Jeung deui, 
keur kuring, gambar atawa desainna teh teu "dagang-dagang" teuing. Hartina, 
tapak mangsa mahasiswana masih aya. Sanajan, tangtu bae, leuwih kalem, leuwih 
tartib, jeung manis. Teu motah deui. Pan, tina kituna mah, nurut umur. Piraku 
motah saendeng-endeng?
   
  Sanajan kuring teu nganggap goreng ge,  manehna ngarasa salila ieu ngalukis 
teh leuwih loba alatan ku ngagugulung kabutuh hirup: Mayar listrik, telepon, 
sakola budak, les Basa Inggris,  les piano, bensin, jste. "Gua cuma kerja, 
kerja, kerja," ceuk manehna, mimiti rada melankolis jeung dramatis. Sakalina 
rek ngaekspresikeun diri leuwih total, jadi seniman tea, pamajikannana siga nu 
ngahulag. "Padahal, gua kurang apa? Selama ini, seluruh kebutuhan dia, sekolah 
anak-anak, rumah tangga, gua penuhi? Sekarang ini, gua ingin hidup untuk gua 
sendiri. Toh, kewajiban gua sebagai kepala rumahtangga selalu gua penuhi," ceuk 
manehna, bari nyebutkeun angka nu dibikeun ka pamajikanna tiap bulan.
   
  Teu ku hanteu, samulang ti Amerika eta manehna panggih jeung hiji awewe. 
Sarua icikibung dina widang kasenian. Malah, cenah, kungsi diwawuhkeun ka 
kuring basa tepung di salah sahiji acara. Kuring sorangan teu apal. Nu pasti, 
ceuk manehna, eta awewe teh ngarti pisan kana naon nu aya dina angen-angenna. 
Boh dina urusan kasenian, oge dina perkara kahirupan lianna. "Ama bini gua? 
Boro-boro. Setiap ketemu pasti berantem," ceuk manehna, nurustunjung.
   
  Mungguhing keur pada bogoh tea meureun, eta batur teh sok ngadon rendevouz di 
studiona -- nu, cenah, teu jauh ti imahna. Nepi, ka hiji waktu, kapergo ku 
pamajikannana. Sanajan harita teu nepi ka Bharata Yudha, hubungan jeung 
pamajikannana beuki teu karuhan. Ahirna, pamajikannana menta diserahkeun. Keur 
manehna, pipisahan jeung pamajikannana teu jadi masalah. Kaasup perkara harta. 
"Rumah,  lukisan-lukisan gue yang ada di situ, mobil, silahkan ambil," ceuk 
manehna. 
   
  Nu ngabeuratkeun manehna:  "Gua nggak tega pisah ama anak. Terusterang ini 
yang nyiksa gua selama ini. Gua takut, nggak bisa ketemu anak-anak," ceuk 
manehna. Hal lian nu ngabeuratkeun manehna: Mitohana. "Lu tahu sendiri gimana 
sayangnya mertua gua ama gua," ceuk manehna. Enya. Keur milu gawe di Tebet, 
kuring sok nyaksian kumaha mitohana ngadangkal nitah pembantu: Nganteuran dahar 
keur ieu mantu kakasih. Malah, kumaha meumeutna si mitoha ka manehna sok 
ditepikeun kapi lanceuk pamajikan, nu jadi tatangga mitoha eta batur.  Ari 
ayeuna ...
   
  Lian ti dua hal eta, oge manehna beurat ku kabogohna ieu. Lain beurat pedah 
bogoh. Tapi, sieun kabogohna dituduh jadi ulon-ulon nu  ngangganggu 
katingtriman rumahtanggana. "Padahal, gua udah bermasalah sejak lama ama bini 
gua. Sementara, ama cewe ini gua  menemukan soul mate," ceuk manehna. 
   
  Ayeuna manehna keur nyanghareupan urusan pipisahan jeung pamajikannana. Ari, 
jeung si soul mate, cenah geus genep bulan ieu teu panggih. Har? Ongkoh soul 
mate? 
   
  Singhoreng, sanggeus pasanggrok jeung pamajikannana, kabogohna teh menta 
kategesan ieu batur: Milih manehna atawa pamajikannana? Tapi, pamajikannana 
sorangan geus menta diserahkeun?
   
  Siga nu dicaritakeun tadi, manehna lain embung nyerahkeun pamajikannana. 
Tapi, beurat ku anak. "Paling enggak, gua butuh waktu untuk menerangkan 
perceraian ini ama anak-anak gua," ceuk manehna.  Tah, salila manehna can 
mutuskeun tea, si soul mate  embung tepung jeung manehna. 
   
  Antukna, ieu batur jadi andar-andar. Nu sakalina cangkeul hulu, hirup ti hiji 
cafe ka cafe lian. Abong seniman... 
   
  Salemba, Februari 2006 


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
 
---------------------------------
Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business.

Kirim email ke