Punten ka sadayana, sugan we tiasa ngabantos perkawisNPWP ieu.
Prinsip pajak sakur jalma/lembaga nu boga panghasilan (subjek pajak) nu
panghasilanana geus nepi atawa leuwih (objek pajak) nu ditangtukeun ku aturan
wajib ngitung, nyetor jeung ngalaporkeun pajakna.
Tertibna sakur subjek kudu dibere identitas NPWP tea. Tah dina Rancangan UU
nu bade dideuheus di DPS aya pamikiran/usul sakur jalma/lembaga nu boga objek
tapi nyingcet embung diaku subjek pajak (teu boga NPWP), nya supaya adil atuh
pajakna dibedakeun, leuwih luhur ti nu ngabogaan NPWP. Rupina dunungan kang
Budyana ngageuingkeun akang kana kamungkinan eta. Atuh pami tos kantos gaduh
NPWP mah saleresna teu kedah daptar deui, mangga we teraskeun dianggo.
Praktisna ka bendahara pasihkeun we NPWP akang, janten engke dina serat
potongan pajak (lembar pembayaran & bukti potong atas gaji/honor dsb.) tos aya
NPWP na.
salam
JP
Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Paralun punten,
Aya dunungan naroskeun ka sim kuring tos gaduh NPWP atanapi henteu, saurna
teh lamun pagawe teu gaduh NPWP potongan pajak teh bakal langkung ageung.
Cikan manawi aya anu ahli dina masalah perpajakan, pasihan bongbolongan sim
kuring ieu teh kumaha aturanana?
Ari sim kuring mah kapungkur basa bade ngeclok ka Bank, ngadamel NPWP teh
tapi tara dikukumaha deui nya disimpen we NPWP teh, tah lamun anu kitu kumaha
nya?
Hatur nuhun.
Budyana
Makarya Mawa Raharja
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.