satuju ka duanana...
rek nyandung mah kudu dipikirna ge satuntung umur geura.... teu cukup ku
sagagang kembang eros.. sanggup henteu sanggup henteu sanggup henteu sanggup
henteu sanggup henteu .......
uing mah henteu sanggup! tapi keukeuh hayang nyandung euy! ;D

(gendu)dh

On 12/3/06, M. Apri <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Muhun Bah, da abdi komentar kitu ge sanes berarti abdi pro
kanu nyandung. Abdi mah mung saukur membatasi diri supados
ulah terjebak kana mengharamkan sesuatu nu saleresna dihalalkan.
Bah Wiily ge pan teu ngaharamkeun :).

Sapagodos yen nyandung oge teu ngajamin pelakuna teu ngalakukeun
jinah. Ngan panginten, aya oge anu janten leres2 salamet tina jinah
kulantaran
nyandung (anu leres2 sieun ka Alloh). Sapagodos oge pami nyandung tiasa
nyandak
mamala pami teu ati2 mah. Pantaran Khalifah Harun Ar Rasyid wae saur Bah
Willy tiasa parasea putra2na, komo deui pami pantaran urang (abdi khususna
:D)
nu elmu agamana nembe sa-encret. Matakan saur Aa Gym oge tong
ngagampangkeun,
pan na detik oge saurna, anjeunna janten turun 3 kg sareng jarawatan gara2
nyandung.

Istri mana wae oge moal aya nu teu nyeri pami salakina nyandung. Muhun,
eta hartosna
istri na teh masih keneh jalmi normal. Kukituna numutkeun abdi mah,
nyandung teh
sanes sesuatu nu kedah di euah-euah, sanes sesuatu nu kedah
dibangga-banggakeun.
Nu matak abdi teu sapagodos kana "polygami award" teh.

Mung tetep weh abdi sikep abdi mah moal ngaharamkeun sesuatu nu tos
dihalalkeun :).
Abdi mah hoyong tiasa bersikap proporsional :).

Baktos,

Apri

----- Ursprüngliche Mail ----
Von: waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>
An: [email protected]
Gesendet: Sonntag, den 3. Dezember 2006, 07:37:23 Uhr
Betreff: Re: [Urang Sunda] ngawayuh (Jagalah Hati,lagu baru!)

 --- In [EMAIL PROTECTED] ups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "M.
Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> btw, kapungkur abdi pernah ditaros ku rerencangan tentang
> polygami. Nya saur abdi teh,
> polygami mah pan teu haram, janten pami dijalankeun sesuai
> syariat, nya sanes aib sanes dosa.

Kang Apri, nyandung mah henteu haram, ngan SACARA UMUMNA TEU
DITARIMA KU MASYARAKAT di urang. Aa Gym oge katingalina mah sadar
yen nyandung teh sabenerna mah dianggap kalakuan nu kurang lazim,
sabab buktina anjeunna "nyumputkeun" kalakuan anjeunna ti publik.
Nembe sanggeus jadi sorotan publik, anjeunna buka-bukaan. Anggapan
di masyarakat urang, nyandung dianggap ngalajur nafsu alias teu bisa
nahan nafsu, nganyerikeun awewe jeung sok dianggap teu nyaah ka anak.

Masyarakat di urang oge, kurang nganggap pamajikan kadua, katilu
jeung kaopat. Ieu wanoja nu daek dicandung, biasana posisina tetep
disahandapeun istri nu kahiji, malah ekstrimna mah sok dianggap
awewe tukang ngarebut salaki batur, piduit jeung rada bangor. Kang
Apri tiasa ningali tina reaksi publik nu ujug-ujug mangkarunyakeun
ka Teh Ninih, istri kahiji Aa Gym. Teu aya saurang oge nu nunjukkeun
rasa simpati ka Rini, istri kadua Aa Gym!. Aa Gym mungkin tiasa adil
ka istri2na, tapi tong ngaharepkeun publik boga sikep nu sarua.
Istri nu kadua jst, bakal ngalaman hal-hal nu teu pati ngeunah ti
publik.

Nyandung oge, sok nyieun mamala, lamun manehna pupus. Budakna sok
parasea parebut warisan. Lamun nu nyandungna Raja/Sultan beuki
cilaka. Dina Sajarah geus loba kacaritakeun, loba peperangan akibat
anak Raja/Sultan nu beda indung parasea parebut tahta karajaan.
Contona Harun Ar Rasyid nu putrana parasea parebut takhta (Al Makmum
jeung Al Amin). Al Amin akhirna eleh, terus ditelasan ku dulur
sabapana!. Atuh di urang oge contona loba, saperti kasus kraton
Kanoman Cirebon jeung Kraton Paku Buwono di Solo ayeuna nu teu beres-
beres.

Publik teu pati narima kana nyandung, lain hartina satuju kana jinah
jeung freeseks. Eta alesan nu teu aya dasarna. Kanu jinah atawa free-
seks masyarakat "ngahukum"na langkung tinu nyandung. Dipilemburan nu
kapanggih jinah malah bisa diarak jeung diteunggeulan. Memang di
masayarakat kota, reaksina teu siga di lembur, tapi tetep we
dianggap pagawean teu bener. Nu nyandung oge, teu ngajamin manehna
teu ngalakukeun jinah. Loba nu geus boga pamajikan leuwih ti hiji,
masih tetep we resep "nganjang" ka kompleks!

Urang Sunda, khususna urang Sumedang, kungsi boga pamimpin nu
ngalarang pagawena (kaum priyayi/menak) nyandung. Pamimpin ieu,
Bupati Sumedang di akhir abad ka 19/ di awal abad ka 20, jenenganana
Pangeran Suriaatmaja nu katelah Pangeran Makkah kulantaran wafat di
Mekkah. Pangeran Suriaatmaja, lain bupati biasa, tapi bupati nu
pinuh ku prestasi jeung gaduh visi kapayun, tepi ka walanda
ngawangun lingga di tengah alun-alun kota Sumedang, keur pangeling-
ngeling kana jasa anjeunna dina ngamajengkeun masyarakat.

Baktos,
WALUYA
[Ti baheula tetep anti nyandung]







--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke