Geningan teu acan beres yeuh perkawis keris teh. Kieu ieu mah Kang 
Jalak, pami nyandak kana basa yen keris teh nu bogana urang wetan 
memang leres eta teh da di urang mah sok dingaranan duhung baheula, 
kaayenakeun dingaranan keris mah, ari barangna mah eta-eta keneh. 
Geuning ari di wetan mah eta barang teh sok diselipkeun di lebah 
tukang diluhureun imbit sahandapaeun tonggong. Beda jeung di urang 
heueuh di kulon disimpeunna di hareup disolegrengkeun dina cangkeng. 
Tah eta teh siloka yen ari ka-duhung mah tara tiheula, matak urang 
mah kudu sarigig make harti sarengkak make pikiran. Kitu kirang 
langkungna mah Kang...

Cag

--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Punten, sum kuring mah poek kana masalah kujang. Tapi mun keris  
dianggap lain pakakas karuhun sunda asa teu klop, sabab keris Galuh  
(Segaluh) dianggap pang kolotna, Keris Pajajaran (sarua kolotna 
jeung  Majapahit), oge aya Keris Cirebon geus kawentar.
>   
>   Masalah kujang cenah eta mah pakakas kaum tani, lambang kasuburan.
>   
>   Punten, ieu mah bukti yen pakakas sunda tacan seueur diungkeb, nu 
jadi matak saolah-olah keris mah bogana urang wetan.
>   
>   salam,
>   jalak pakuan
> 
> Niskala Senja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:                                                  
> Pun sampun kasadaya dulur sakabeh,kuring rek ngariung.
>   masalah  SAHADAT SUNDA  aya patalina jeung SAHADAT PAMUKA  ALAM.  
numutkeun sajarah nu aya jeung ucapan para kolot, pan ari sunda  mah 
pangkolotna,mimiti ayana karajaan di nusantara iyeu ti sunda  heula 
awalna anu kasebut karajaan SALAKANAGARA dipatungtung belah  
kulon,laju TARUMANAGARA laju deui karajaan SUNDA.lamun kitumah urang  
sunda teh geus wauh peradaban sauteu acan na nangtungna karjaan  
salakanagara, numantak aya nu kasebut agama sunda, sunda wiwitan,  
sunda buhun.
>    
>   masalah PUSAKA SUNDA.  da karuhun sunda mah pakakasna lain keris 
aya oge  peso KUJANG, ari peso kujang ge ayana teu loba, jiga keris 
anu  pabalatak saha wae bisa ngabogaan eta keris. ari peso KUJANG 
mah  hanteu, ayana oge terbatas jeung jumlahna oge terbatas. Anu  
ngabogaan hak peso KUJANG sabatas ti raja nepi ka batas hulubalangna  
karajaan. ari peso KUJANG anu diceukeul kuraja ngan hiji sa hiji-
hijina  anu gelarna peso KUJANG TANGTUNG BUANA. aya deui lambang 
panji  karajaan sunda nyaeta gelarna HIYANG SASAKA SORA BUMI.  
> 
> ucep wahyudin <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
>       Teu  kedah bingung ari tangguh teh bentuk jeung jaman 
karajaan.aya keris  tangguh mataram kuno,sagaluh, pajang, majapahit, 
mataram amngkurat,  madura, bali , bugis jsjbn 
> 
> oman abdurahman   <[EMAIL PROTECTED]> wrote:         Nagarunding  
atanapi Nagaruncing? Upami Nagaruncing asa kungsi aya anggota milist  
anu nyebatkeun gaduh eta keris, di Sumedang asana. Nagaruncing ku  
anjeun upami teu lepat puterana Sanghiyang Cakradewa ti Panjalu.
>    
>   baktos,
>   manAR
> 
>  
>   On 11/23/06, isuhar <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             
ke..ke..punten kang ucep, ari sakaterang sim kuring mah di tatar 
> sunda teu aya anu namina Prabu Kian Santang, aya oge Prabu 
Siliwangi, 
> Prabu Brajadilawa di Sancang Jrrd. Pami nu dimaksad ku akang Prabu 
> Kian   Santang nu di Godog Garut eta mah gelarna oge sanes prabu 
tapi 
> Sunan/Pangeran. Da simkuring oge terah mah ti Garut, padumukan 
ayeuna 
> di Pataruman. Reh-rehan ka Eyang Papak mah (Wangsa Muhammad)ti 
> garwana. Balik deui kana keris, aya salah sahiji keris ti Karajaan 
> Galuh nu ngaranna Nagarunding. keheula punten sakedap engke dihanca 
> deui......
> 
> hanca
> Isuhar
> --- In [email protected], ucep wahyudin <hr_ucep@> wrote: 
> >
> > Salian ti keris tangguh Pajajaran aya anu leuwih kolot nyaeta 
keris 
> Sagaluh nalika ayana Karajaan Galuh anu watesna ti kulon Walungan 
> Citarum ti wetan Purwa Linga jeung Purwa reja jawa tengah. Anu 
> bentukna betekok nudisebut Betok Budha atawa duhung contona anu di 
> situs www.hr-uwj.com. 
> > Eta keris heubeul pisan kungsi dicepeng ku Prabu Kian santang   
> jeung sunan Wijaya Kusumah atawa anu katelah Sunan Cipancar 
Limbangan 
> Garut.
> > Nalika keur dicepeng ku Bao kuring Eyang Diperja (Cinunuk Garut) 
> kungsi dipaling ku Karto Suwiryo (DI TII)da cenah lamun nyepeng eta 
> keris tangtu bakal jaya siga PK Santang atawa Sn Cipancar. Tapi 
> buktina Karto Swy Malah nyangsarakeun rahayat Pasundan imah diduruk 
> jelema dipeuncitan. Ahirna ku pager bitis eta Keris beunang deui 
> ayeuna aya di Cinunuk deui. 
> > Cag
> > Wassalam 
> > 
> > HR UCEP WAHYUDIN JAMHARI
> > 
>   > isuhar <isuhar@> wrote:
> > Paralun ampun nu kasuhun, wening galih nu dipamrih, 
> hapunten nu 
> > diteda sateuacanna sanes sim kuring mayunan ka para karuhun nu 
> > ngarungrum, mapatahan hayam ngojay ka meri bawiraos ieu mah seja 
> > ngamumule warisan anu kalintang punjulna, lain bade pamer ria 
ujub 
> > jsjb ieu mah bakating ku   mikareueus kana naon rupi hal nu tos 
> > diebrehkeun ti para sepuh ka sim kuring. Perkawis Sahadat Sunda, 
> sim 
> > kuring lain pelit ku pangarti sanes teu hoyong ngaberelekeun mung 
> da 
> > sagala rupa oge keedah 'nunda hiji perkara dina tempatna', boh 
> bilih 
> > para wargi terutami Kang Jaka ngaraos panasaran kana 
eta 'mantra', 
> > sim kuring yakin dina hiji waktos sareng tempat nu pas urang 
bakal 
> > ditepamgkeun.
> > 
> > Hanca
> > Isuhar 
> > 
> > --- In [email protected], Jaka <jaka@> wrote:
> > >
> > > ke heula, ke heula kang...tong ukur saliwatan kitu... 
> > > bade kamana atuh...
> > > 
> > > kahijina, hatur nuhun kana cutatanana...
> > > 
> > > hartos kujang kukuh kana jangji, eta anu ku simkuring
> > > katampi ti kasepuhan...
> > > teras kana   eluk2anana...
> > > kana bolong2na...
> > > 
> > > aya kujang Sunda, kujang Pakuan/Pajajaran, aya kujang Sumedang 
> > Larang.
> > > 
> > > bade tumaros ka sadayana... 
> > > 1. Naha sateuacan aya kujang teh, kawitna mah arit. aya nu 
kantos 
> > > ngadugikeun
> > > ka sim kuring kitu. margi saurna, parahyangan mah subur makmur 
> > loh 
> > > jinawih
> > > janten pakarang anu diaanggo teh arit tipayuna. kanggo 
> > > ngamangpaatkeun ieu alam
> > > anu sakitu subur ku tatangkalan jeun jujukutanana...teras kabeh 
> > > dieukeun janten kujang.
> > > numawi bentuk kujang oge memang sapertos "regenerasi" tina 
> > > arit...leureus eta
> > > teh?...
> > > 2. kang suhar...cik ah punten eta sahadat sundana diberelekeun 
> anu 
> > > kumplitna.
> > > pan ieu teh babakan sunda kedah sah adat na heula...pami teu 
> > >   tareurang kana
> > > sahadat sunda teu acan diketok palu yeuh janten urang sundana...
> > > 3. ka jajaka_subang...tug sadaya wargi...kumaha keris Pajajaran 
> > teh, 
> > > qisahna, babadna 
> > > tos aya nu mendakan teu acan?...panasaran yeuh...
> > > atanapi memang anu dimaksad keris eta teh memang jigana kujang 
> > tea 
> > > meureun nya...
> > > ngan panginten urang jawa anu ningalina nyebatkeunana keris 
> > > kitu?...ah...jigana mah..
> > > jigana mah....da kujang mah memang katelah katangguhanana...
> > > 
> > > hatur nuhun.
> > > JA.
> > > 
> > > isuhar wrote:
> > > 
> > > > ......yaa ingsun sunda sajati
> > > > sanghyang werengginggi maha prabu siliwangi
> > > > pajajaran nyuhunkeun aub tangtanyungan
> > > > Maha prabu brajadilawa ing sancang..... 
> > > > Kenging nyutat sakedik tina   mantra sahadat sunda, supados 
jelas 
> > saha
> > > > ari Siliwangi teh. Sim kuring baroraha pinter teu bodo-bodo 
> acan 
> > seja
> > > > tambuh catur ngenaan Siliwangi-Pajajaran-Pusaka. Ari pusaka 
> > pajajaran
> > > > teu aya deui lintang ti Ku-Jang. Hartina Ku-kuh kana Jang-ji, 
> teu
> > > > lunca-linci angot pungkal-pengkol. Dupi anu disebat keris mah 
> > nyaeta
> > > > inti-na tina Kujang. Jadi keris-na pajajaran ngancik dina 
jiwana 
> > > > urang sunda anu hatena bener-bener rancage, nyengitan (wangi) 
> boh 
> > ka
> > > > batur sumawona ka dulur.
> > > > Langkung saur bahe carek hapunten nu kasuhun, ceuk tadi oge 
teu 
> > bodo-
> > > > bodo acan..
> > > > Cag....
> > > >
> > > > --- In [email protected] 
> > > >   <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com >, ":: boedax angon ::"
> > > > <jajaka_subang@> wrote:
> > > > >
> > > > > Wangsit Prabu Siliwangi
> > > > >
> > > > > Sing waspada sakabeh turunan dia, 
> > > > > Ku ngaing bakal dilanglang
> > > > > Ngan di waktu perlu, ngaing bakal datang deui
> > > > > Nulungan nu barutuh, mantuan nu sarusah
> > > > > Tapi ngan nu hade lampahna, mun datang 
> > > > > Ngaing moal kadeuleu
> > > > > Mun ngaing nyarita moal kadenge
> > > > > Memang ngaing bakal datang, tapi ngan
> > > > > Ka nu rancage hatena
> > > > > Ka nu weruh semu saestu, nu ngarti 
> > > > > Kana wangi nu sajati
> > > > > Jeung nu surti lantip pikirana nu hade laku   lampahna
> > > > > Lamun ngaing datang teu nyawara
> > > > > Tapi mere ciri ku wawangi 
> > > > >
> > > > > Pun, geus ditangtukeun ti anggalna
> > > > > Yen poe ieu bakal aya sora balarea
> > > > > Nu bijil tina ati sanubari
> > > > > Nu medal tina bagalna rasa 
> > > > >
> > > > > Kiwari kami datang deui
> > > > > Marengan make ngaran
> > > > > Pancen jeung jiwa kami
> > > > > Hayang matuh eta ngaran
> > > > > Dina sungsum balung aranjeun 
> > > > > Hayang nitipkeun ngaran "Pakuan"
> > > > > Pangancikan kami
> > > > > Jeung hayang supaya eta ngaran
> > > > > Tetep dijaga saperti nu geus dijalankeun 
> > > > > Ku kami baheula
> > > > >
> > > > > Geura tampa ieu ngaran
> > > > > He .. nu ngageugeuh pakuan   anyar
> > > > > Omat sing bisa mawana
> > > > > Jeung sing bisa ngabadanana 
> > > > >
> > > > > Bral, sing panjang natar lalakon
> > > > > Kasamaran picaritaeun
> > > > >
> > > > > Cag!.
> > > > > Sumber. Universitas Pakuan 
> > > > > Keris teh salahsawios hiji hasil ti budaya bangsa nu tos 
> > kawentar
> > > > di masarakat jawa keur hususna, jeung bangsa Indonesia umumna 
> > malihan
> > > > mah samemeh Perang Dunia kadua keris teh kadudukan na teh 
> penting
> > > > pisan keur kahirupan masarakat, buktina tinu paribasa yen 
hiji 
> > jalma
> > > > tos cukup jeung lengkep hirupna lamun geus ngabogaan imah, 
> garwa,
> > > > turangga, kukila, jeung keris (Djoko soekiman, 1982). Keris 
teh 
> > > > dingaranan wesi aji atau tosan aji besi anu aya nilaian, 
> dihargaan
> > > >   jeung di hormatan dianggap aya tuahan jeung karamat. 
Kukituna 
> > keris
> > > > teh ngandung harti anu beda diantara nu mikaresepna. 
> > (Sumodiningrat,
> > > > 1983). Seleresna na teh keris mangrupakeun hiji 
> sanjata "tikam", 
> > nu
> > > > tos kawentar sanusantara nu beda corak jeung bentukna. Saluyu 
> > jeung 
> > > > parubahan jaman kagunaan keris oge aya parubahan tinu asalna 
> jadi
> > > > sanjata jadi banda karamat, pusaka anu dipupusti, lambang na
> > > > kaluarga, tanda jasa, tanda pangkat jeung jabatan, barang nu 
> > mewah,
> > > > jeung karya seni. (Hamjuri, 1973).
> > > > >
> > > > > Sumber nu tertulis ngenaan keris loba disebutkeun dina 
naskah-
> > > > naskah (Girardet dkk, 1983), boh dinu kitab-kitab parimbon nu 
> > isina
> > > > ngeunaan catetan loba hal, dinu kitab-kitab sajarah atau kitab
> > > >   pancakaki para empu, jeung oge sok disebutkeun dinu kitab-
kitab 
> > babad.
> > > > > Dinu elmu keris atawa kerisologi (?) loba disebutkan ciri- 
> ciri 
> > nu
> > > > natrat ngeunaan keris-keris nu alus jeung tangguh. Ciri-ciri 
na 
> > teh
> > > > nu nunjukeun jaman iraha jeung daerah mana wae keris teh di 
> jieun 
> > na.
> > > > Contona keris-keris nu tangguh: Pajajaran, Majapahit, Tuban, 
> > Sedayu,
> > > > Blambangan, Pajang, Mataram, jeung Kartasura. Keris-keris nu 
> > tangguh
> > > > eta tangguh Pajajaran anu paling kolot.
> > > > >
> > > > > (Sumber. Silihwangi dan Pajajaran Menurut Beberapa Sumber 
> Jawa,
> > > > DR. Darusuprata)
> > > > >
> > > > > Nu matak kuring loba jeung hayang wanoh jeung nyaho teh 
keris
> > > > Pajajaran teh nu kumaha, naha kawas samodel kujang, kungsi 
cek 
> >   cenah
> > > > ari keris Pajajaran mah bentukna teh lempeng eweuh 
pepengkolan 
> > jeung
> > > > arula arileu na. Naha enya !!.
> > > > >
> > > > > Cag ach.
> > > > > 
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > >
> > > > > Pamairan Sili(h)wangi
> > > > >
> > > > > 
> > > > 
> > 
> ..................................................................
> > > > ..........................
> > > > 
> > 
> .................................................................. 
> > > > ...........................
> > > > 
> > 
> ..................................................................
> > > >   ...........................
> > > > 
> > 
> .................................................................. 
> > > > ...........................
> > > > >
> > > > > Kula ngajadi ti heula, mangsamulang malebu ka maha suci
> > > > > Kula jadi panungtun , Papadang arinyana.
> > > > > Nyaangan jalan rahayu, Cahya awal sesebutan 
> > > > > Papadang raspati mati.
> > > > > Sakitu kaula nyarita, Mun teu enya arandika hayang panggih
> > > > > Jeung kaula nu satuhu, Geura prak tareuleuman
> > > > > Di kujur inyana satangtung, lain ngalah carita 
> > > > > Tapi ku ngarucut diri.
> > > > >
> > > > > http://geocities.com/jajaka_subang 
> > <http://geocities.com/jajaka_subang>
> > > > > http://serentaunsbr.multiply.com 
> > <http://serentaunsbr.multiply.com>
> > > > > 
> > > > >
> > > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > 
> > > 
> > > 
> > > --
> > >
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > 
> > ---------------------------------
> > Sekarang dengan penyimpanan 1GB
> > http://id.mail.yahoo.com/ 
> > 
> > ---------------------------------
> > Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik 
> terhadap spam. 
> > http://id.mail.yahoo.com/
> >
> 
> 
>   
>   
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> 
>     
> ---------------------------------
>   Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik 
terhadap spam. 
> http://id.mail.yahoo.com/    
> ---------------------------------
>   Lelah menerima spam? Surat Yahoo! mempunyai perlindungan terbaik 
terhadap spam. 
> http://id.mail.yahoo.com/  
> 
> 
> 
> 
> 
>      
> 
> ---------------------------------
> Sekarang dengan penyimpanan 1GB
>    http://id.mail.yahoo.com/
>       
>                                     
> 
> 
> Makarya Mawa Raharja
> 
>  
> ---------------------------------
> Check out the all-new Yahoo! Mail beta - Fire up a more powerful 
email and get things done faster.
>


Kirim email ke