Yupp ;), 
Asep nu ti Cipaku Darmaraja Sumedang.. anu kampung halamana bade di eleb hiks 
hiks...
Janten upami maos anu bade di eleb-2 teh sok radah sensitip kitu...
Walo abdi tos teu dumuk di Sumedang ... tapi da Ema, Abah, Aki, Nini jeung 
wargi mah seueur keneh didinya kitu... minimal 3 bulan sakali abdi pasti mudik 
;).

Salam,
Asep
Cipaku = Cai Paku = Sperm = Asal Muasal Manusa.

  ----- Original Message ----- 
  From: Muhamad ASKARI 
  To: [email protected] 
  Sent: Saturday, December 02, 2006 8:09 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU 
AING"



  Asep Indra anu ti Darmaraja sanes ieu teh. Punten bilih abdi lepat.

  Salam,
  Muhamad Askari


  ----- Original Message ----
  From: Aasep Tea <[EMAIL PROTECTED]>
  To: [email protected]
  Sent: Saturday, December 2, 2006 3:55:12 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG "HALIK KU AING"



  Hatur nuhun Kang :),
  Abdi ge ti Sumedang ayeuna nuju ngumbara di Bogor... sapagodos pisan kitu 
upami tiasa mah ulah nepika di eleb eta patempatan teh... kumargi eta teh 
tempat kaulinan abdi ti leuleutik di sabudeureun makam Eyang Aji Putih sareng 
Lembu Agung... kapungkur mah sok biasa ngala simeut sipedang atawa ngurek... 
oge teu hilap ngadamar belut jeung pun aki hehehe.

  Alesan rek di bendung teh ceunah mah keur makmurkeun sawah-2 na urang 
Indramayu sareng Cirebon anu kakurangan cai upami pas musim halodo...oge supply 
listrik ... mung abdi ninggali halodo kamari... asaan mah ampir sakabeh 
bendungan anu dijieun ternyata kurang optimal kagunaanana kulantaran bendungan 
na oge kakurangan cai kulantaran supply cai ti hulu walungan na oge kirang 
kusabab gunung-2 tos mulai dilebur teu dipaliara... jadi asaan mah alesan eta 
teh teu kaci... tah jadi lamun rek ngabebener nya palire heula meureun masalah 
lingkungan nana... ulah nepika sagala diruksak.

  Oge teu hilap eta patempatan anu bade di eleb teh subur pisan... taneuhna 
jeung sajabana alus pisan... jeung salama ieu euweuh masalah ... istilah na mah 
makmur... di kampung abdi mah Alhamdulillah dugika ayeuna walo hirup tani tapi 
teu acan aya anu dugika kalaparan... tah naha anu kondisina geus alus eta teh 
kalahka rek di eleb... naha bet ngorbankeun anu geus alus keur ngabereskeun 
masalah anu can tangtu eta solusi-na...

  Last but not least... patempatan anu di eleb teh oge nilai sajarahna luhung 
pisan keur urang sunda mah... Eyang Aji Putih teh apanan resi Tembong Agung anu 
pala putra, incu, jeung sajabana teh... akhirna ngembangkeun karajaan Sumedang 
Larang tea panerus karajaan Pajajaran anu ancur lebur kulantaran di gempur ku 
Banten jeung mataram... seueur makam-2 karuhun panginggalan urang sunda anu rek 
di eleb... padahal mah eta teh paninggalan ti karuhun anu kudu namah ku urang 
dipiara jeung dikembangkeun elmuna. Apanan aya paribasa bangsa anu cageur mah 
bangsa anu ngahargaan sajarahna... tah meureun lamun paninggalan karuhun wae 
rek di eleb eta kaasup bangsa naon?!?

  Asaan mah ku kajian naon wae kedah na mah upami pamarentah na CAGEUR mah eta 
proyek Jati Gede teh kudu batal demi kamaslahatan sadayana... 

  Punten ah... nembean posting ujug-2 panjang... salam kenal kasadayana.. . 
haturnuhun ka Kang Moderator anu parantos ngawidian abdi subscribe ka ieu forum.

  Salam kasadayana,
  Asep

    ----- Original Message ----- 
    From: Jatigede 
    To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
    Sent: Friday, December 01, 2006 10:23 PM
    Subject: Re: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG &quot;HALIK KU 
AING&quot;


    Kuring mah mun bah Willy jadi bupati menta jatigede tong jadi euy...karunya 
ka karuhun Ciwangi. Pajaratan Nini jeung aki urang kaeleb mun jadi mah ceurik 
kuring...Moal aya pasir Marongpong jeung Dangdeur, tempat ulin keir leutik. 
    Nananggung pare huma.
    Mata waas matak nineung!!!

    Dedens

    syamridwan <[EMAIL PROTECTED] com.au> wrote: 

      Uing mah keukeuh nek nyalonkeun BAH WILLY euy!ngan aya saratna:
      1. sanajan geus jadi bupati bah Willy tetep jadi anggota kusnet, meh 
kanyahoan, lamun teu posting dikusnet,hartina bupati keur dines luar.
      2. sakur urang sumedang anu nyaraba atawa nu geus bumen2 dilembur batur 
cena baralik ka smd ( kebo mulang pakandangan) kalayan dibere pakasaban atawa 
proyek ku bupati sesuai kaahlian masing2.
      3. urang sumedang ulah boga kereteg hayang muka tambal ban, supir angkot 
atawa tukang balon keun wae eta mah pasrahkeun ka seler sejen, masalah 
pakasaban ulah hariwang geus diatur ku bupati jeung rengrenganana.
      4. sakur urang sumedang dibere akses internet kalayan haratis sangkan 
bisa ceting jeung bupati
      5. bupati meunang nyandung, heueuh da bupati ge jelema, sarua jeung ustad 
atawa kiai,mun perlu nyieun perda-na.
      6. para kuncens kabuyutan atawa saha wae anu nepi ka kiwari masih 
ngamumule titinggal karuhun, diangkat jadi pagawe nagri.
      7. mun seug proyek jatigede jadi dibangun, bupati kudu nganggarkeun dana 
pikeun melakan eta waduk, ku rupa2 lauk diantarana;kancra, nila, gurame, bawal, 
lele dumbo, lalawak jrrd.  atuh saban poe saptu jeung minggu sakumna ra' yat 
sumedang anu kadedemes kana nguseup, babarengan ngaruseup jeung bupati.
      8. ngan wayahna, mun seug jatigede geus jadi, uing menta idin ka bupati 
nek nyieun resto n' bar terapung, anu menu sapopoena bakakak, goreng belut, 
pais berod, sambel dadakan pleus bajigur ginseng dioplos jeung balagudeg, dahar 
sawaregna nepikeun ka ngajongkeng. sabada nguseup bupati meunang balakecrakan 
didinya kalayan haratis, ngan lamun geus rengse wayahna titah neken kontrak 
anyar.
      9. tah kitu euy, lantaran uing geus bosen dilembur batur hayang geura 
balik kasarakan. mangga we bilih aya nu bade nambihan, mungpung bebas keneh 
ngalamuna, boa engke mah ngalamun ge mayar.
      10.......... ......... ..?
      syam ridwan


        ----- Original Message ----- 
        From: Yuliadi 
        To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
        Sent: Thursday, November 30, 2006 3:23 PM
        Subject: RE: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG &quot;HALIK 
KU AING&quot;


        buktikeun!!! !
        breng geura ngalengkah.

        (sayah oge ti sumedang)
          -----Original Message-----
          From: ajat sudrajat [mailto:ajat2012@ yahoo.com]
          Sent: Thursday, November 30, 2006 2:31 PM
          To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
          Subject: [Urang Sunda] Re: SUMEDANG JANG URANG SUMEDANG &quot;HALIK 
KU AING&quot;


          Tah sapagodos pisan Kang... mal enya lembur urang dipimpin ku kowek 
he he geus nincak mangsana ayeuna Sumedang dipingpin ku pamingpin anu cageur, 
bageur tur singer sareng tong hilap kedah urang Sumedang.... ......... .


----------------------------------------------------------------------
          Want to start your own business? Learn how on Yahoo! Small Business. 



    Website :
    http://jatigede. bravehost. com/
    http://priangan. freewebpage. org/ 
    Send instant messages to your online friends http://uk.messenger .yahoo.com 





------------------------------------------------------------------------------
  Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

   

Kirim email ke