Sampurasun, anggota lama.. bade ngelol deui yeuhh... Perkawis ngawayuh, ieu aya carios istri ustadz sareng carogena... Ustadz : Neng, terang teu istri anu bakal kenging darajat anu pang luhurna, pang mulyana engke di poe akhir...? Istrina : Istri nu kumaha eta teh Kang...? Ustadz : Eneng hoyong sapertos kitu...? Istrina : Nya tangtos atuh Kang... Saha anu teu kabita...? Ustadz : Yeuh, ku Akang diwartosan... Istri nu pangmulyana teh nyaeta istri nu masihan ijin ka carogena kanggo ngawayuh... Istrina : Oohh, kutan kitu Kang, aduh beurat geuning nya... Eh, Akang hoyong ngawayuh teu...? Ustadz : Eu..eu... nya ari diwidian mah.. teu aya lepatna... rek dicoba.. he...he... (bari kuram-kireum...) Istrina : Mangga... insya Allah ku abdi diwidian, mung... syaratna aya tilu.... Ustadz : Naon anu tilu teh Neng...! (bari rada sumanget...) Istrina : Nu kahiji... balanja dibagi rata... Ustadz : Ok..lah..eta mah.. kecil...! Istrina : Nu kadua... kilirna kedah adil... Ustadz : Siiip lah.. saminggu di ditu, saminggu di dieu... etang-etang variasi... nu katilu..? Istrina : LANGKAHI DULU MAYAT SAYAHHHH....!!!! Dasar lalaki... teu kaop dijalanan... nurustunjung teuing...!!!!!
Abah Utun

