tah conto nu kaalaman ku batur mj soal kagorengan poligami geus nyampak! sugan aya baraya nu ngalaman langsung bapana nyandung sok geura guar lah, rek alus rek goreng... tapi ketang pangalaman dulur baraya ge teu nanaon lah keur ngeuyeub-ngeuyeub. pangalaman alus atawa goreng alatan si abah nyandung!
dh keukeuh hayang nyandung! On 12/4/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
pamiarsa sadayana, bari ngantosan rapat nu sok telat bae, si kuring rek ngacaprux... kuring boga babaturan keur SMA. sobat dalit nepi ka ayeuna. manehna teh sabenerna mah lanceuk kelas. ngan teu naek di kelas hiji alis ngendog. padahal teu bodo-bodo teuing siga uing. beh dieu kapanggih. harita manehna tara sakola. ngadon ulin di stasion. sakapeung sok bari mabok mansion house. naon sababna? nyeri hate. peurih pisan karasana, cenah. naha ku naon kitu? sok we ku maneh bayangkeun, boga indung unggal poe ceurik di imah. sigana nyeri hate kabina-bina, dikakaya kunu jadi bapa. lanceuk2 kuring jeung adi kuring tangtu we ambek sagede gunung kanu jadi bapa. tapi piraku kudu ngagaplok kolot mah? antukna dipendem dina hate. beuki nyeri. hirup asa teu purun. komo sakola... alah ieung? naha kumaha kitu bapa silaing? kawin deui, kehed! cenah... beu... kuring-keur SMA oge- boga babaturan nu unggal poe mabok gele jeung boat. panasaran, da piraku ari ngan ukur gaya atawa gaul mah. beu teuing, manehna oge sarua jeung sobat nu tadi. nyeri hate alatan indungna dinyenyeri ku bapana nu kawin deui. beu... teu euweuh batur nu ngarandapan kanyeri kapeurih nu nyesa jadi gegedoh hate nepi ka kolot ku kajadian eta, si bapa nyandung alias ngogo karep. loba kajadian, urang sunda nu rada sukses usaha, pikeun aktualisasi diri, lain nyieun pausahaan-divesifikasi tea, tapi kalah ka nyandung. atukna rumah tanggana rajet, pausahaan bangkrut, anak rarusaks. kalolobana urang can nepi ka bisa make ayat eta. -------- ayat kontekstual loba ayat nu turun sanggeus hiji kajadian, diturunkeun pikeun ngajelaskeun atawa mere pituduh pikeun hiji kajadian. nu cek kuring mah disebutna ayat kontekstual. mun aya deui kajadian samodel kitu, tah koncina atawa setirna eta ayat. loba masyarakat nu can siap narima eta ayat. siga kecap adil nu jadi sarat nyandung. gampang nyebut, hese prak. adil ka pamajikan nu kolot, da ongkoh manehna rido bakat ku nyaah ka zalaki atawa daripada ditalak da hirup pastina jadi riweuh ari jadi randa mah-komo bari teu bisa usaha. nu jarang dibahas, adil ka barudaks. ayat nyandung turun sabada perang. harita tentara islam loba nu tewas di medan perang. loba randa. pakait jeung konteks budaya arab nu harita nepi ka ayeuna geus siap dina budaya nyandung, kaluar ayat eta. di arab ti baheula nepi ka ayeuna, loba zalu nu nyandung. di saimahkeun, nu kolot di lantey luhur, nu ngora dihandap, jst. cek kuring sabab budaya masyarakatna geus kitu. beda jeung urang, nu boga hate beda, leuwih leuleus da dicipta ku alamna nu teu tandus bin gersang siga di jazirah arab. Islam agama nu bisa dideukeutan ku nalar, logika, otak jeung hate. matak aya kecap Qolbu sagala-dijadikeun merek ku Gymnastiar, manajemen qolbu tea. ayat munggaran oge apan Bacalah, atas nama tuhanmu. ieu hartina, kudu nguteuk. loba tungtung ayat nu make panutup: mun maraneh malikir, atawa mun maraneh nyaraho. ieu hartina ngahartikeun ayat -oge nyanghareupan hirup- kudu make uteuk jeung hate. komo ayeuna ceuk cenah loba hadist palsu. palsu henteuna kudu ditalungtik ku uteuk ti sungapanana-asal-usulna,saha nu ngarawina, jst. sarua jeung ayat qur'an, kudu apal keur aya kajadian naon harita, nepi ka ayat2 nu khas eta turun. Hate jelema hirup ku akal: uteuk jeung hate. aya jurus ti pangeran mun bingung nangtukeun hiji urusan: ijtihad, alias pake hate! heuheu. mudah2an we tujuh anak Gymnastiar ti ceu Ninih, moal nepi ka ngalaman kanyenyerian siga babaturan SMA kuring..! geus ah, dicarekan euy ku kolot. rapat geus jalan teu ngabandungan. mj http://geocities.com/mangjamal
-- ::daluanggebisatinabincurang::

