--- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kieu wae,
> nu satuju kana bab nyandung, baris dipalih kenca !
> nu teu satuju kana bab nyandung, baris dipalih katuhu !


Ke heula, Kang. Tong waka ditutup. Kuring hayang milu (deui) mairan:

Awahing ku boloho, oge pabaliut jeung basa Sunda, mun ngadenge 
kecap "ngawayuh" teh nu kabayang dina uteuk kuring mah sapedah jeung 
beca. Sabab, nepi ka kiwari, eta kocap teh sok pahili jeung basa 
Indonesia: Mengayuh.

Matak, barang maca subyek eta dina Kusnet, kuring mah hayang seuri 
sorangan. Lain nyeungseurikeun Aa Gym (teu wararantun). Tapi, 
nyeungseurikeun diri nu boloho: Nyaruakeun nyandung jeung ngaboseh 
sapedah.


Perkara "poligami", sigana pamanggih operatir warnet nu aya di 
gigireun kuring ayeuna kudu oge dipertimbangkeun: "Kalau Aa Gym 
polygami, gua sih 'volley pantai' aja," ceuk manehna. Kumaha tah, Kang?

Salam,
MGT






Kirim email ke