Assalamu'alaikum wr wb
di salin tina "Ayat Suci Lenyepaneun" ku Moh. E. Hasim
dicitak ku Penerbit Pustaka
taun 1421 H - 2000 M
-------------------------------------
Tarjamahan jeng Tafsir
Quran Surah Al-Baqarah Ayat ka 4
Walladziina yuminunan bimaa unn-zila ilaika wa maa unn-zila ming qoblik,
wa bil-aakhirati hum yuuqinun
Hartina :
Jeung jalma-jalma nu ariman kana nu diturunkeun ka hidep jeung kana nu
samemeh diturunkeun ka hidep. Jeung nu yakin kana ayana poe aherat.
Tafsirna :
Hidep dina ayat iyeu nyaeta Nabi Muhammad saw. Nu diturunkeun ka anjeuna the
al-Quran, ari nu di turunkeun samemeh al-Quran nya eta Injil, Zabur, Tauret
jeung sababaraha Shuhuf.
Dina ayat iyeu kaunggel sambungan cari jalma-jalma nu tarakwa. Ciri kahiji,
kadua jeung katilu aya dina aya 3 (hiji iman kadu nu ghoib, ka dua ngadegkeun
shalat jeng katilu ngimfakeun sabagian rejekina paparin ti Gusti Allah), ayeuna
nu kaopat: iman kana al-Quran, Injil, Zabur, Tauret jeung sababaraha Shuhuf,
jeung kagenep: boga kayakinan yen aherat the pasti aya.
Iman kana al-Quran nya eta percaya yen al-Quran the dawuhan Allah SWT nu
wajib dibaca, dilenyepan hartina, terus diamalkeun. Teu meunang dijojoan, milih
nu di pikabeuki bari nundung nu teu saluyu jeng napsu. Tapi lamun urang rajin
nalungtik kaayaan ummat Islam di lembur urang, leuwih loba nu teu boga
al-Quran batan nu boga, leuwih loba nu teu bisa macana batan nu bisa, jeung
leuwih loba nu teu ngarti batan nu ngarti, balukarna katepaan Islam tapi tekad,
ucap jeng lampahna eusleum.
Dina ayat iyeu disebutkeun yen ummat Islam nu takwa teh iman kana Kitab-kitab
jeung Shuhuf-shuhuf nu diturunkeun samemeh al-Quran, hartina percaya yen kabeh
Kitab jeung Shuhuf teh bener-bener wahyu Ilahi anu syah jeung wajib diamalkeun
dina kurunna masing-masing, Shuhuf-shuhuf syah dina sababaraha kurun timimiti
Nabi Adam nepi ka Nabi Musa. Sanggeus Nabi Musa nampi Tauret, sakabeh Shuhuf
kabeh di mansukh ku Tauret nu wajib diamalkeun ku urang Bani Israil. Kurun Nabi
Musa teh lila kacida, para Rosul na kurun iyeu pa sambung-sambung, mimitina
Nabi Musa Jeng Nabi Harun, terus disambung ku Nabi Daud, Nabi Sulaeman, Nabi
Ilyas, Nabi Ilsyasa, Nabi Uzair, Nabi Ayubm Nabi Yunus, Nabi Zakariya jeung
Nabi Yahya.
Tutup kurun Nabi Musa di ganti ku Nabi Isa, Tauret dimansukh ku Injil nu sayh
jeung wajib diamalkeun ku urang Bani Israil, nu disebut kaoim Nasrani tea.
Millata Ibrahim nu panutup nya eta agama Islam. Kitabullah nu syah pikeun
ummat Islam, nu wajib diamalkeun dina kurun Nabi panutup, taya lian iwal ti
al-Quran. Jadi iman kana Kitabullah samameh al-Quran lain ngandung harti kudu
maca jeung ngamalkeun Kitab-Kitab salian ti al-Quran, tapi kudu percaya yen
eta Kitab the kabeh oge wahyu Ilahi nu syah dina kurunna. Katurug-turug kapan
ayeuna mah geus teu aya Kitab-Kitab nu asli, jeung lamun aya oge geus di
mansukh kana al-Quran.
Pedaran nu leuwih jentre ngeunaan Kitabullah aya dina ayat 106 di hareup.
Cirri kagenap jalma nu takwa the percaya kalawan yakin yen aherat pasti aya,
lain sacara ainal-yaqin, da aherat mah goib, tapi sacara ilmal-yaqin. Jalma
nu percaya kana ayana kahirupan aherat, pasti percaya kana ayana wawales ti Nu
Maha Kawasa, sawarga pikeun nu airman tur ngamalkeun amal soleh, jeung naraka
pikeun nu kalafir.
Iman kana wawales di alam aherat the jadi kadali atawa setir budaya kahirupan
di alam dunya, tumut kana aturan Nu Maha Agung bari nyingkahan jalan hirup
atawa ceuk urang Barat mah way of life jalma-jalma nu dibenduan ku Manteunna
jeung jalan jalma-jalma nu sumarimpang tina pituduh Mantenna.
Quran Surah Al-Baqarah Ayat ka 5
Ulaa-ika alaa hudammirrabbihim, wa ulaa-ika humul-muflihun
Hartina :
Eta teh maranehna nu mareunang pituduh ti Pangeranna, Jeung eta teh
jalma-jalma nu aruntung
Tafsirna :
Ciri2 jalam takwa geus ka unggel dina ayar 3 sareng 4 diluhur. Menggahing Nu
Maha Rahman Rahim mah jelma nu pangmulya-mulyana teh nya eta nu
pangtakwa-takwana, mantena henteu mandang kana harta jeng tahtana. Kajeun
teuing di jambu atah, tur kokoro nyoso malarat rosa, ari bener-bener takwa ka
Mantena mah tanwande bakal ginularan bagja kamayangan, kaasup golongan
muflihuun nya eta ahlul-jannah tea. Dina surat Al-Hujurat aya 13 kaunggel
dawuhan mantena :
Nu pihartoseun nanan kirang langkung kieu
satemenna jalma nu pangmulya-mulayana menggahing Allah mah nya eta nu
paling takwa ti anara maranehna.
Jadi ahli sawarga the kabagjaan n alus pilih tanding tur langgeng taya
tungtungna. Sawarga teh kabagjaan nu alus pilih tanding tur langgeng taya
tungtungna. Sawarga the teman kasenangan nu taya wiwilanganana, beda ti
kasenangan di alam dunya nu ngan saukur pupulasan. Di alam dunya mah suka dok
di selang-selang ku duka, sueri sok pilih ganti jeng ceurik, katurug-turug
kaoan rumingkang dipawenangan teh henteu lana, ceuk urang tatar wetan mah: ora
suwe uripe wong ning ala donya, wong urip iku prasasat mung mampir ngombe.
Kade ulah kawas pantun teu jeung kacapi, gogorowokan pidato kabatur nitah
takwa sedeng urang sorangan calutak siga ririwa.
Quran Surah Al-Baqarah Ayat ka 6
Innalladziina kafaruu sawaa-un alaihim a ann-dzartahum am lam tunn-dzirhum
laa yu minuun
Hartina :
Satemena ari jalma-jalma nu kalafir mah bage dielingan ku hidep bage henteu,
sarua bae, maranehna mah moal rek daraekeun iman
Tafsirna :
Norek teu daek dipepelingan masih keneh bisa dianggap rada wajar, tapi nu
rehe mah dipikadeudeuh meuereupan, dipikasono nonjok, dikade-kade aya nu
gurawes bisi tijengkang kana jero jungkrang batan nganuhunkeun mah kalah ka
ngamusuhan, bener-bener nu asih di pulang sengit nu haat di pulang moha. Di
luhur geus disebutkeun yen syareat Millata Ibrahim dina kurun panutup mah ngan
hiji nyaeta syareat islam, sakumaha nu kaunggel dina dawuhan Gusti Allah dina
surat Ali-Imaran ayat 19 juz 3 kieu unina :
innaddiina indallaahil-islaam
Satemana agama menggahing Allah mah agama Islam
Dina kurun Nabi Isa syareat Nasrani, jeun dina kurun Nabi Musa syareat
Yahudi. Tapi waktu datang kurun Nabi Isa lolobana urang Yahudi teu daraekeun
asup Nasrani, nya kitu deui waktu kurun Nabi Isa diganti ku kurun Nabi
Muhammad, urang Nasran nu arasup Islam teh beunang diitung dina curuk. Batan
ngagugu mah kana uar pangajak Rasulullah, urang Nasrani teh kalah sakongkol
jeung urang Yahudi sarta urang Majusi. Nurutkeun sajarah ditelasanana Khalifah
Uman bin Khaththab nu dimuat dina Haqiqatul-bahaiyyah tulisan Dr. Mustafa
Mahmud, algojona the Kabul Ahbar urang Yahudin, al Hurmuzan jeung Abu Lulu
urang Majusi, nu kaopat nyaeta Jafinah ti Hirah urang Nasrani.
Kaom kafir kitabi jeung majusi teh dielingan teu dielingan sarua bae,
maranehna moal daraekeun iman.
Ari kaom kafirin teh aya sababaraha golongan, nya eta :
Kaom kafir atheis nu samasakali teu percayaeun ka Allah
kaom nu percaya ka Allah tapi wangkelang embung ngagugu kana dawuhan
Mantena, contona Iblis.
Golongan kafir kitabi
Kafir kana Injil jeng al-Quran, sarta kafir ka Nabi Isa jeung ka
Nabi Muhammad;
Kafir kana al-Quran jeng Nabi Muhammad;
Kaom kafir zindiq atawa kaom munafikin nu salamina sok ngamusuhan ka
umat Nabi Muhammad;
Kaom musyrikin, sok nyembah ka Allah tapi bari nyembah ka berhala
Kaom kafir nikmat nyaeta jalma-jalma nu tara mulang tarima kana
nimat Allah;
Kaom kufur nyaeta jalma-jalma nu pindah tina agama Islam kana agama
sejen atawa jalma-jalma murtad
sakitu keun isuk pageto urang lajeungkeun deui
salam baktos
Al Fakir Abu Hafizh
----------------------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
02193264068, 08128377662
http://www.hr-uwj.com
----------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://azzoman.indonetwork.co.id/
http://siliwangi.blogs.friendster.com
http://inkas.wordpress.com
---------------------------------
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question
on Yahoo! Answers.