Ditinggalkeun sababaraha poe, geuning bet kieu jadina, euy...
Ari satadina mah, kuring nulis samodel kitu teh teu maksud nanaon, malah nu diarah teh nu bener2, patali jeung masalah basa. Ngan, dalah dikumaha, horeng naon anu kajadian teh bet rada mengpar tina anu dipiharep. Tulisan kuring teh lain maksud 'bercawokah ria', da memang mun mengpar saeutik tina jejer anu keur diobrolkeun, cawokah teh estuning jadi bener2 cawokah, malah bisa ngised kana jorang. Ku kituna, simkuring pribadi seja neda dihampura, kum ka sadayana. Rumasa kuring gagabah, tulas-tulis ngeunaan jejer anu sacara budaya meureun bisa disebut teu sopan. Nyaanan ieu mah... Ka anu tos mairan kalawan daria, simkuring ngahaturkeun rewu nuhun. Utamina ka Ua Sas, nuhun pisan parantos nyambungkeun kuring ka dr. Sam. 'Kontek2' mah parantos ieu ge, najan ukur ngaliwatan talatah pondok (SMS maksudna mah). Sanggeus nimbang2 sakur katrangan anu kakumpulkeun, kacindekan kuring samemehna teh sigana mah nyalahan. Tadina mah anu dituturkeun teh kamus Harjadibrata, tapi geuning bukti2 nu aya mah nunjukkeun kacocogan sakumaha anu disebutkeun dina kamus Riggs, sanajan masih aya sababaraha hal anu masih hayang ditanyakeun (moal deui2 nananyakeun di dieu ah, bisi gujrud; rek langsung bae 'konsul' ka manukna). On 11/30/06, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leuwih hade sok kontak ka dr.Sam no hp-na nu tadi peuting, dr Sam teh resep kana Sunda ayeuna Kadinkes di Purwakarta, tadi kuring geus nga-sms ka dr Sam, ngan can aya jawaban.

