Pribados teu wasa malih teu aya hak nyebat ka saha oge ku goreng patut, kokolot begog, bodo katotoloyoh, komo nyebat pikun mah. Upami pribados nyebat kasep,paling heunteu ieuteh ukuran umum kanggo pameget, kanggo bah willy kantun ngalengkepan we “Abah Willy nu kasep”,kanggo kang waluyo oge “Kang Waluya anu kasep” komo ditambihan “Kang Waluya anu kasep tur bageur” pan raos tah. Upami akang-akang, teteh-teteh para neter, ka abdi nyebat geulis, abdimah bungah pisan, ditampi pisan, bari ngado’a mugi-mugi pribados leres geulis pamenteuna, atuh sing langkung geulis hate pribados nya. Kang, teteh, ayeunateh warga sunda, wanoja jeung nonoman tos aya di saantero dunya, maranehna tos tiasa ngukur mana nu kurung batok, mana anu jembar. Pribados oge sapagojod areng pamendak kang Ahmad nu kasep anu diposting didieu, yen urang teh kedah ati-ati menafsirkan ayat-ayat Al Qur'an. Intina teu aya parentah agama islam anu sesah, urang na we anu sok "nyusahkeun sorangan". Sakieu heula atuh ti pribados, bade neraskeun diajar deui basa sunda, rumaos masih keneh paburantak yeuh. Wass Ely.
____________________________________________________________________________________ Any questions? Get answers on any topic at www.Answers.yahoo.com. Try it now.

