salah sahiji warisan nu mangrupa niley ti karuhun, ku batur disebut genius
loci, diurangkeun jadi kaarifan lokal. diantarana soal pamali. teu kabeh
pamali eta ueuweuh gunana. ngan nyaeta, kudisiblkeun, atawa dirupakeun
kanu sejen, jadi barudak ayeuna nu geus beda, nganggapna teh kuno jeung
kaci dirempag. kuduna dihartikeun yen kolot teh ngawariskeun niley, cara
urang hirup.

siga kabuyutan atawa hulu cai nu baheula mah sok ngahaja disebut loba
jurig, hieum ku tatangkalan ongkoh. ngahaja kitu sangkan barudak teu
warani ulin kadinya, komo nuaran tangkalna. sabab eta teh hulu cai, kudu
dipiara, sangkan aya terus pikeun nginum urang lebak. ngan enya,
dicampuran ku mistis, sangkan langsung nerap.

soal parabot, teu euweuh US nu dina ucapan sapopoe pikeun sobat dalit,
dibumbuan ku parabot. nya siga sawareh barudak nu sok make anjing, atawa
urang amrik nu sok make fuckin' tea.

cek implengan kuring, nu geus boga bati dua, nya kaharti parabot
reproduksi teu hade disebut-sebut ari teu perlu mah. lain soal pamali
atawa soal hina, kotor jeung geuleuhna, tapi kuring ningali ti dinya
pisan, umumna, cara alamna, jelema lahir. teu hade mun dimurah-mareh. cek
kuring mah, sikep ngajaga basa palebah dinya, eta kitu teh ngahargaan
kamanusaan manusa.

siga aturan naha istri teu meunang kaluar imah sorangan, sabab istri mah
intan permata. kudu dijaga. lain pikeun nganomorduakeun istri. tapi ku
sabab istri mah mahal siga intan. eta teh asana ti gymnastiar.

tapi kalolobana teu ngingali kitu. aturan kitu teh asa nalian kabebasan
istri.

enya, loba keneh jelema nu munapek. ti baheula jeung geus watek sawareh
manusa meureun. dalah cek kang Ush, YZ teh urut ketua HMI, di golkarna ge
seksi kerohanian. tapi teu kaci nyalahkeun agama atawa pundung nempo adat
jelema. urang mah terus we sabisa-bisa, hirup lempeng. aya agama masih
karitu, komo mun euweuh. ulah aral subha, ulah jadi negatif thinking tea.


mj

http://geocities.com/mangjamal



Kirim email ke