--- In [email protected], "Yuliadi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > saha sih awalna anu nyiptakeun nerjemahkeun jadi "taeun" > naha urang kudu pasea ku kecap2 subject eta.
Tapi, ceuk kuring mah nu salah teh beca, Kang. Bemo keur mumprung, der manehna ngadon mengkol. Bari teu mere totonden. Ukur ngangkat suku katuhuna. Jiga anjing keur kiih. Atuh, budak nu keur tonggoy leumpang teh kadupak. Tarangna nepi ka dempak. Ari si tukang sate, ngadenge kitu, gura-giru beberes. Dagangan nu masih loba teh, sawareh, dibikeun ka andar-andar nu aya di dinya. Sawareh deui dipiceun ka walungan. Atuh, urang Cikapundung tada teuing hookeunnana: Ku naon tukang sate, tara-tara ti sasari, sore keneh geus riringkid. Tapi, teu wani tunyu-tanya. Sieun kumaonam. "Titi DJ, Kang!," ceuk Marni ka salakina. "Hooh...," walon Herman ka Mantri Cacar. Ceuk sakaol, nya ti harita kaayaan Bogor jadi tartib. Satemenna mah teu pira. Pedah walikota jeung bupatina kompak, oge boga jampe pamake nu sarua, nu unggal isuk sok digereyemkeun ku kumna rahayat Banyumas harita. Unina siga kieu: "Jaka sembung melak sereh, teu aneh. Jaka Sembung manggul pare, nya cape. Jaka Sembung naek taktak, nalaktak. Jaka Sembung nakol bedug. Teu nyambung, belegug!" Geus, ah. Gandeng! Rek asar heula.

