Nuhun Aa Dud,
puguh kitu peta teh geus aya ari dina kahayang mah.

nu kabayang teh urang boga mobil box. dina boxna tangtuna diaksaraan,
KUSnet gaya! eh, lain eta, Pasaka tea. program pabukon simpay katresna
KUsnet. unggal poe-atawa sabulan/opat bulan sakali- tah si mobil box teh
ngurilingan tatar sunda, ngoper2 buku jeung nambahan nu anyar. supirna
bari rek nyandung di opat lembur, mangga ari kawaragadan mah. haha.

kamari teh nu di Banjar 1 boga karep kitu jeung Banjar 2. tapi nu ngurus
Banjar 1 rada lieur oge, soalna duanana rada pakepuk. balik sore. aya
rencana rek ngoper sadaya buku2an ka Banjar 2. Banjar 1 teh, gawe
munggaran pabukon. buku2na masih keneh buku bacaan uruts sumbangan ti Ua
Sas.

ari idealna mah, mun teu make mobil box, nya, aya nu ngurus tiap
kabupaten.atawa satengah kabupaten. kacamatan jeung desa. eh, naha siga
pamarentah ieu mah nya? heuheu

mj

http://geocities.com/mangjamal


> mang-emang... sakadar usul... kumaha lamun buku teh dikilirkeun, heuheu,
> teu
> padmi jeung selir wae pan nu bisa dikilir, sugan. buku nu geus teu "payu"
> di
> salah sahiji pabukon dipindahkeun ka pabukon sejenna... ngan jigana
> waragad
> deui nya?
>
> eh atawa memang salila ieu geus kitu?
>
> siuing,
> gendudh
> --
> ::daluanggebisatinabincurang::
>


Kirim email ke