oh jumaah enjing? upami kitu mah tilu kardus we heulanu tos aya, kanggo bungbulang wae. ke diwartosan kang dadungna.ke no. hp akang dikintun ka anjeuna kitu deui nu kang Dadung.
mj http://geocities.com/mangjamal > Ari juma'ah, 8 Desember 2006 sigana jadi da geus paheut pisan jeung pihak > pangauban (hotel hehehe) di Garut, uleman ge geus di sebar ka undangan > rapat. Acara teh dimimitian ba'da juma'ahan, anapon si kuring miang ti > Bandung rencana juma'ah rada isuk-isuk keneh da ingetan teh rek sakalian > nganjang heula ka Banyuresmi. Lamun jadi mah rek nitipkeun buku, diantosan > pisan kumaha kontak person anu kudu dihubungan ku kuring di garut jeung > teknisna si kuring mapagkeun eta buku ti Mj. Upama arek minggu hareup wae > nya teu nanaon, sugan kaparengkeun ka Garut deui. Atawa, sugan wae aya > calon > bupati Garut ngersakeun nganteurkeun buku ka Bungbulang...leuh lamun enya > teh tada teuing urang Bungbulang gumbirana (hehehe, anu akhir mah satengah > heureuy). > > Enya Mj, pohara urang Garut--utamana nonoman-nonoman anu sumanget > ngamajukeun melek hurup jeung melek maca di Garut --barungaheunana ku > ayana > program pabukon Kusnet ieu. Kanng Subhan, kontak person anu langsung > dipasarahan buku ti heula oge geus sababaraha kali ngahubungan, sugan aya > kiriman buku anyar, saurna. > > Sakitu heula Mj, ke kahareup urang konrtak-kontakan deui, manawi pareng. > > baktosna, > manAR

