enya kitu, sugan! sami simkuring ge tara pirajeunan da ngadangukeun dakwahna
aagym. tapi da teu aagym wungkul sadaya dakwah na tipi jeung radio tara
pirajeunan didangukeun...

nyebat hebat ka si aa teh dumeh we tindakanna nyandung bisa
ngeundeuk-ngeundeuk pamarentah... jadi pahibut. server sms presiden buncir
cenah gara-gara eta. mutia hatta salaku men. pemberdayaan perempuan cenah
ngusulkeun pikeun ngalegaan ruang rungkup pp10 teu wae ngajiret pns/tni tapi
oge pajabat publik jeung kum sakabehna rahayat... kurang kumaha edun tah aa
gym?

lamun maca warta poligami ayeuna-ayeuna, jadi kapikir kudu aya tempat
pelatihan keur lalaki nu hayang poligami. samodel lembaga keurseus kitu lah.
tah nu can boga sertifikat advance ti ieu lembaga teu meunang nyandung :-))

si uing,
gendudh

On 12/6/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Oh kitu Kang?. Punten abdi mah kirang gaul, janten teu terang hebatna Aa
Gym.
Tara ngadangukeun dakwahna di radio atawa TV.
Asa teu aya pangaruhna yeuh ka Dago mah.
Kuper pisan nya. Hehehehe........

Baktos,
-ika-




--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke