heuheu... hatur nuhun mang kana waleranna. jelas ayeuna mah. nya eta sato aya palaturan sorang jalema boga sorangan, deuih. jalma kudu make palaturan sorangan ulah make palaturan sato!
ngeunaan bulak-balik dekok mah eta keur sakuringeun wungkul tadina mah, bari jeung teu apal naon hartina. ningali bahasan di ieu milis, bari jeung kuring ge resep papalempengan masalah ieu, nu nyandung deui nyandung deui nya diistilahkeun (ku kuring) bulak balik dekok. jadi jigahna mun maca postingan emang mah rada mengpar tina harti nu sakuduna.. siuing, gendudh On 12/6/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aeh...enya euy...hampura bisi tulisan kuring teh nyitrakeun hal anu salah: yen poligami teh ukur pagawean sato. Wah bahaya, langsung kuring ngaralat. Maksud ane (kuring basa di Batawi) : lamun motif atawa niat poligami teh ukur keur "ngalegalkeun" kawin deui (lamun daek maca togmol mah kieu: hubungan seks deui ka awewe sejen), tah eta tangtu parioplah anu sarua jeung soto. Lebah dinya meunang meureung nyebutkeun yen ukur sato anu poligami siga kitu mah. Anapon, lamun niat poligami teh keur ngurusanan anak yatim atawa randa anu katalangsara da salakina maot di jalan Alloh, nya meunang, malah aya contona ti manusa pangsampurnana. Syaratna: kudu adil (ceuk salah sahiji ayat Al Qur'an). Tapi, ceuk ayat Al Qur'an nu sejen, adil teh hese (malah ampir-ampir moal kahotal). Kasimpulan?.............(teu wasa kuring nyebut bulak-balik dekok, tetep aya kasimpulan). Lah, kuat ka jibreug ku kesang. Satadina mah moal kaeleketek ku bab poligami.....hapuntenna wae ka sadayana. baktos, manAR
-- ::daluanggebisatinabincurang::

