--- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
. Hiji bukti  yen US masih meryogikeun falasifah model kitu.
> 
> baktos,
> manAR
> 

Leres pisan, Kang. Mangga teraskeun medar perkawis diajar ka sato 
ieu teh. (Oge ka Kang Ganjar sareng nu sanesna). Malih, ngolebat 
emutan: Kumaha upami pejemuhan ngeunaan ieu aya nu pirajeunan 
mangnyimpenkeun dina koropak milis (files). Supados langkung gampil 
ngarujukna. Oge, gampil di mana aya kaperyogian nu sanes. Upamana, 
bade dibukukeun. Nyimpen dina milis sailaharna, kawates ku waktos. 
Abdi milarian posting-posting lami (taun 2001), nu pinuh ku wacana 
sospol, nu teu kawadadahan buku-buku terbitan Perceka, tos teu 
tiasa. Tos dikonci.

Pedaran salira ngeunaan Sunan Ambu, Siksa Kandang Karesian, oge nu 
sanesna, pamendak sim kuring, kalintang mangpaatna. Nu hartosna, aya 
saena dikoropakan. Kitu deui pedaran Kang Eddy, Kang Ilen, sareng 
sawatara wargi sanesna, nu nembongkeun sisi esoteris budaya Sunda.

Kalih ti eta, pakait sareng palasipah, ajaran moral, atanapi naon nu 
ku abdi disebat sisi esoteris budaya Sunda eta, sim kuring oge 
hoyong terang perkawis "elmu" Kasumedangan sareng elmu Kagaluhan. 
Pon kitu deui naon nu disebat Perjalanan, Agama Sunda (nu tadi 
wengi, cenah, saur Aa Sudirman, janten topik Derap Hukum SCTV), 
jste. Intina mah nya sagala ajaran nu aya di Tatar Sunda atanapi 
pakuat-pakait sareng budaya Sunda.

Ari perkawis Kasumedangan, sareng Kagaluhan, pedah bae sakalina 
ngobrol jeung sawatara sepuh sok kaluar kekecapan: "Bapa Anu mah 
ngagem Kasumedangan". Bari upami diudag langkung tebih, aranjeunna 
sok ngahulag ku alesan "can waktuna". Atawa memang anjeunna teu 
terang pisan. "Bapa ge ceuk cenah," kitu saur aranjeunna.

Kagaluhan, lian ti sawatara sepuh sanesna di Ciamis, oge natrat dina 
seratan Pa Djadja ngeunaan sajarah Ciamis. Di dinya anjeunna nyebat 
perkawis Galuh Galeuhna Galih. Pedarannana, dina pamendak sim 
kuring, teu patos nyugemakeun. Mung saparagrap. Teu ngaberendelkeun 
kumaha-kumahana, nu sipatna "sistematis" nu nunjukkeun yen eta 
teh "elmu". (Atawa, boa-boa, naon nu dipedar MJ dina novel ka 
tiluna, dongeng ngeunaan jabang bayi, nu nyabit-nyabit 
perkara "nurani" satemenna medar perkawis eta? Kumaha MJ?).

Seueur saleresna mah nu hoyong diuyup tina ieu milis teh. Tapi, 
samentawis mah nya perkawis ieu heula. Manawi Bah Willy, Kang Syam, 
MJ, oge nu sanesna, tiasa nyaeur gorowong nu aya?

Baktos,

Pun Maman  




  

Kirim email ke