no komen ah .. heuheuheu..
-dul- --- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kamari teh kuring di sebut "kasep" ku Teh Ely ...heuheuheu, terus > kang Ndull ngomentaran cenah Bah Willy ulah disebut kasep da geus > sepuh. Sepuh? ....ah teu rumasa kolot kuring mah da rarasaan teh > umur teh kakara 20 taunan, pokokna masih sagala beuki, beuki ieu > jeung beuki itu. Dasar kang Ndull we eta mah, "budak ngora" disebut > sepuh ... > > Sabenerna nu umurna geus satengah abad atawa leuwih aya sababraha > urang didieu teh, Ua Sas, malah parantos MPP ti Telkomna. Teras deui > saha? Bah Surtiwa!. Ieu langkung sepuh ti kuring,kungsi dina > postingna nyebat anjeunna sakola di SMA 3 Bandung di taun 1963!, > padahal kuring kakara kelas 2 SD. > > Nu karolot di ieu millis, sabenerna teu nyoalkeun soal umur, teu > hayang disebut Abah atawa bapak. Kuring sorangan sok disarebut Abah, > lain pamenta kuring, tapi ku warga Kusnet nu kungsi papanggih jeung > kuring, ningali jungkiringna kuring ........gembru!. Atuh "Willy" > oge lain pamenta kuring tapi ku warga kusnet, pedah baheula ari > posting sok disengket WLY (tina WALUYA). Eh ....teuing kumaha > mimitina jadi "Willy", cenah mah ngarah keren (Ceuk Kang Dedeng > Sutisna, urang Karawang, ayeuna mah teu aktif deui). > > Di dunya maya, umur sabenerna mah teu kanyahoan jeung teu kudu > dipersoalkeun. Nu perlu teh eusina. Naha pamikiranana "sepuh" > atawa "boloho", siga kuring. Pan Ceuk kang Dudi Mulyadi oge teh Ely > langkung "sepuh" dina pamikiran tinimbang kuring nu masih budak > jaringao. > > Tah kitu baraya. Sok lah ... tong dianggap umur mah, nu penting eusi > padungdengan aya eusian! > > Baktos, > WALUYA >

