> From: ahmad
> namung sing atos-atos upami urang teu satuju kana hiji ayat atawa
> hiji hukum poma ulah make perasaan da islam mah sanes agama
> perasaan.
Aya nu kaliwat yeuh, rek mairan seratan kang Akhmad, soal "agama
Perasaan". Jadi lamun kieu mah ngagem agama teh lain hate nu dipake,
tapi dogma ("Perasaan"= hate). Kuring jadi inget kana matematik, nu
rada ngaharib-harib, sagala absolut, mutlak. Naha bener pemahaman
kana agama teh kudu siga ngartikeun matematik?
Kuring mah resepna ningali fakta. Lamun dina dunya Matematika,
2+3=5, dimana-mana jelama ngaku yen eta teh bener, rek di Indonesia,
rek di Amerika, rek di SOviet ...ah pokona mah sajagat weh. Moal
aya nu ngawanieun ngadebat, pokona mah SAMI'NA WA ATHO'NA ....
Tah ari agama mah henteu, urang agamana Islam, urang Amerika/ eropa
mayoritas kristen, urang Indonesia Timur sarua mayoritasna kristen.
Upama urang maksakeun pemahaman urang kanu beda, moal ditarima siga
urang nyebutkeun 2+3=5. Pastina oge didebat atawa malah pasea, da
ceuk pemahaman manehna mah manehna nu bener. DIna Islam oge aya
ratusan aliran nu beda-beda, sarua pemahamanana beda-beda, nu sarua
ngarasa bener.
Naha geuning kitu? beda jeung kaidah matematik atawa kaidah fisika
nu bisa ditarima dimana-mana. Sababna ..... agama mah urusanana
jeung hate (perasaan) lain jeung logika (akal). Kacocogan jeung hate
nu matak saurang jalma ngagem hiji agama. Nu aranna hate, teu bisa
diukur, saha jalma nu terang hate batur?.
Bukti sejen yen agama teh sabenerna mah aya hubunganana jeung hate
(perasaan), anu Sholatna khsusuk pisan, sok tepi ka ceurik. Aya
batur kuring ari sholat teh tepi ka rambisak. Ceurik pan aya
hubunganana jeung hate (perasaaan) nu nunjukkeun hate keur sedih,
gumbira atawa "haru".
Jadi? saur saha dina ngagem agama teu meunang make hate (Perasaan)?
Baktos,
WALUYA