siganamah meureun dasarna manusa/binatang kawin teh emang tina urusan sahwat,
datingali we hayam lamun geus hayang mah bikangna nepi ka dibeberik, dongkap
weh agama anu ngatur urusan masalah hubungan antawis istri sareng pameget
(panginten eta oge)
yayan, Cilebut
Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Akang,
tumaros, cenah kecap NIKAH teh tina basa sunda?
kirata tina NIndihan KAHayang.
ku uing di heu-euh keun bae da teu nyaho.
artina kawin, nyandung, nikah = syahwat urusanna.
-----Original Message-----
From: waluya56 [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, December 07, 2006 1:02 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Nyandung = Syahwat?
Malikkan deui soal nyandung ...ah. Aya postingan kang Agus Her nu
nyebutkeun, dibejer-beaskeun ge, nyandung mah tetep ...Syahwat. Aya
tanggapan, hilap deui ti saha, cenah teu sakabeh nu nyandung urusan
syahwat. Kuring rada ngahuleng kana tanggapan ieu, ari nyandung teh
lain kawin sanes? ari kawin teh naon? pan urusan .... syahwat. Dina
syarat kawin oge pan aya klausul kudu MERE NAFKAH BATIN KA PAMAJIKAN.
Naon hartina?...heueuh syahwat. Hiji perkawinan bisa batal, lamun
salah sahiji teu bisa mere nafkah batin ....alias euweuh syahwatan ...
Jadi, Kang Agus Her henteu salah, lamun nyandung disebut urusan
syahwat. Kawin nu teu urusan jeung syahwat, eta kawin bohong-
bohongan ....
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Access over 1 million songs - Yahoo! Music Unlimited.