Ampir 3 sasih, saparantosna Kang Ucep Wahyudin ngembarkeun yan bade
nyalon janten Bupati Garut 2008. Danget kaayeuna jiga teu kadangu
gaungna di Garut mah. 
Tebih, kawon ku Bupati ayeuna anu teras2an kampanye (terselubung).
Misalna: 
1. Ngawur-ngawur artos 50 rebuan dina perayaah hari PGRI ka guru-guru
sa-Garut (jujur we uing mah ngarasa nyeri, guru disaruakeun jeung
budak olol leho. Mere duit oge meni disawerkeun.Ngan untung uing mah
lain anggota PGRI!). Oge ngabagi-bagi artos dina upacara PGRI enjingna
anu nilai nominalna 100 rebu! (Ieu mah aya fotona dina surat kabar SINDO
2. Ngabagikeun artos (saur anu terang ieu mah tur tiasa dipercanten,
da fakta sareng data mah teu gaduh!) anu jumlahna pasti bisa
ngadongkrak soara dina PILKADAL 2008
3. Baligo di tiap pengkolan, jeung foto manehna ngajedig di tiap2
masjid. Diterapkeun dina jadwal sholat anu dibagikeun ku tim suksesna!

Kumaha tah Kang Ucep?

Kirim email ke