Muhun kang Agus/ Teh Lies, asa kaelingan, cenah kapan kabeh oge di alam rahim mah tos ngangken tur nyakseni yen Allah teh gusti urang sadayana ... Allahuakbar.
On 12/11/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampursun...ngiring mairan teh Lies... Tuuuuhhhh, nyaaaaaaa, teh LIES, geuning Ari Manusa-na mah KITU, beda jeung Kitab Tulisan anu bisa disoehkeun ku Manusa, kawasa Alloh teu bisa dihalangan ku Manusa, sanajan sok di Cap Kafir ku paningal panon buncelik Manusa, tapi mungguh Alloh mah cantangtu sarua. Numawi urang kedah ati-ati dina Tekad-Ucap-Lampah kapada Manusa teh, da puguh ge BIBIT-na Sarua ti Roh-Alloh anu ditiupkeun tea, Hirupna oge Kersaning Widi-Na. Jadi lalaworana nganilei, mirosea tur ngalanggar hak-hak Jalma kupedah beda rupa, adat, budaya tur label Kayakinanana asa kaleuleuwihan, tekad teh ingkar kana Takdir, kana Kersa sareng Pangersana Alloh SWT anu buktos pada karumelip ngalalana babarengan di ieu Alam. sakitu heula baktos Agus Wirabudiman. ----- Original Message ----- *From:* L Parish <[EMAIL PROTECTED]> *To:* Kusnet <[email protected]> *Sent:* Friday, December 08, 2006 5:10 PM *Subject:* [Urang Sunda] Litvinenko dimakamkeun sacara Islam Subhanallah, Astagfirullah .... Tilas mata-mata KGB Alexander Litvinenko anu karacunan/diracun ku radioactive polonium-210 di London, meunang hidayah ti Allah. Piisukaneun maot manehna convert jeung wasiat menta dimakamkeun sacara Islam. Kamari samemeh dimakamkeun, Almarhum Litvinenko dianteurkeun ku solat ghoib di Central Mosque London. Cek pamimpin masjid layonna teu dibawa ka masjid lantaran hariwang bisi radiasi. Lies .

