Sampurasun.... Duh hapunten tos lami tilem..... Perkawis Agym....; Sim kuring lain ngamasalahkeun ngawayuhna Agym, da eta mah hak asasi Agym jeung da lain laku anu mengpar tina agama. Numutkeun sim kuring aya dua hal: 1. Ngawayuhna Agym tiasa janten tolok ukur keberhasilan/gagal-na dakwah ala Agym. Hal ieu bisa ditingal tina respons mustami & santri2-na. Sanes saeutik mustami & murid Agym anu kiwari janten anti-pati ka Agym. Ieu ngandung hartos yen salami ieu para santri & mustami MQ (pangaosan Agym) mung kapincut ku popularitasna sanes ku eusi pangaosan Agym. Sahingga, nalika Agym dihujat ti ditu ti dieu (popularitas Agym) ku ngawayuhna Agym nyirorot...., nyirorot oge rasa hormat santri-santrina & mustamina. Padahal, ari anu ngarana ngawayuh mah, dina pandangan Islam pan lain hal anu dilarang (aib). 2. Anu aneh pisan pikeun snatri-santrina anu salila ieu mondok moe di pasantrenna (pondok), anu ngilu icikibung dina usaha di pansantrenna.. sing horeng ngan saukur nitipkeun beuteung wungkul...., kiwari teu saeutik santri-santri anu mondok moe teh ngilu ngahujat. Kacida. 3. Anu sakuduna, khususna santri2-na, kudu mere dorongan moril ka Kyaina (Agym), lain kalah ngilu meupeus keuyang......
Lamun hiji santri geus teu ngahargaan Kyaina.... duh kumaha teuing ieu bangsa...... KGB

