Duka ti taun sabara, da sainget kuring,ti saprak cicing di Perancis, (mimiti
nincak nagri ieu thn 1978 ) ngahurungkeun lampu motor teh " wajib", sanajan
beurang, tengah poe ereng erengan dina " musim panas "
Malah ayeuna geus di coba disababara daerah, keur lampu mobil.
Nya ari alesan anu utamana keur ka salametan patalimarga
Atuh kendaraan anu kecepatatannana henteu bisa leuwih ti 90 km per jam ,
sabangsaning sepeda,motor anu kurang ti 50 cc, mobil listrik tanpa SIM,
traktor/alat pertanian, HENTEU KENGING KA JALAN TOL,
Komo deui anu badarat mah,
Teu Jiga diurang, sok hariwang ari ningali nu NYEBRANG di Jalan Tol teh,
komo disabagian daerah mah tepi ka sok aya an ngangon domba sagala sisi salan
tol teh,
Kumaha mun domba/embe na lumpat kajalan, KATABRAK, keur ari dombana paeh
mah, kumaha ari Supir&Penumpangna anu janten korban.
LEPAT SAHA ETA ?
Ka para wargi kusnet anu janten RT,RW,Lurah, anu daerahna sisi jalan tol,
mugi tiasa ngageuing masyarakatna " ULAH AMENG KA JALAN TOL " kituh, seueur
mobil, DENGAN KECEPATAN TINGGI !!!!
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
paingan atuh, dagangan uing teh payu ...
mareuli bohlam teh aya nu hiji aya nu dua.
keur sérep cnah..
barade bohlam ? motor naon ?
nu biasa mah sarebu lima ratus, anu halogen tilu rebu...
bade hiji tanapi dua ?
heu heu
-- diteukteuk k#5 --