Insya Allah seja ngiringan . sareng ngadukung pisan kana ieu rencan teh K Nata ----- Original Message ----- From: Budyana Yogaswara To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, December 11, 2006 5:08 PM Subject: [Urang Sunda] Qurban sareng yuu
Assalamu'alaikum, Baraya sadayana, sakuliah alam dunya, punten ieu bade kumawantun ngalungkeun ideu. Sakedap deui insya Allah urang bade dugi ka Iedul adha, kumaha tah lamun urang qurban sasarengan, keun atuh ngangge nami Kusnet, niat karena Allah. Seueur lembur di Jawa Barat anu kakirangan, anu siganamah daging qurban teh langkung karaos mangpaatna ditempat eta mah. Kumaha tah kinten-kinten? upami teu lepat mah embe keur saurangeun, upami sapi tiasa ku tujuhan. Salam, Budyana