--- In [email protected], nurhadian dian <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
 
>   Mangga tah anu poligami tah kudu kitu cenah mun hayang adil 
teh...
>   mudah2 tiasa ngajalankeun nana.... Amin...

Enya, leres pisan. Tapi nu aranna ADIL teh pan subyektif pisan. Hese 
ngukurna. Aya kitu alat keur ngukurna? Jadi, umpama kitu mah, 
Pangeran teh nganjurkeun MONOGAMY lain polygami. Upami poligami nu 
dipikaresep ku Pangeran, meureun moal aya kecap ADIL dina eta ayat.

Kuring mah satuju kana polygami, lamun statistik nunjukkeun jumlah 
awewe dibanding jumlah lalaki tepi ka 2:1. Tapi ari 1:1 mah, komo 
lamun lalaki leuwih loba, leuwih hade sapasang-sapasang wae. Ulah 
jiga di Arab Saudi atawa di nagara-nagara Teluk sejenna, nu embung 
nempo data statistik, tetep nagara ngijinkeun polygami. Akibatna? 
geus rahasia umum di Arab Saudi loba bujang kolot. Hartina pan teu 
kabagean eta teh. Daya tawar awewe oge jadi naek, mas kawin mahal, 
da saluyu jeung hukum ekonomi, lamun nu menta loba, tapi supply 
kurang, akibatna harga jadi mahal .... 

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke