Alhamdulillah....anu dianti-anti teh akhirna jadi oge...
anu kalebet wilayah Kabupaten Bandung Barat teh pami teu lepat mah
dinatarana ; kec. Padalarang, ngamprah, lembang, Rajamandala, Batujajar,
Cililin, Sindangkerta, Cihampelas, Cipeundeuy, Cikalong Wetan, Cisarua,
Cipatat,....(pami teu lepat mah aya 3 kacamatan deui tapi helove....hehehe)
sim abdi oge jeung kulawarga secara waruga mah tos ampir sataun jadi warga
Desa Cilame kec. Ngamprah tapi secara administrasi can terdaftar di Desa
meureun (karek di RT jeung RW) da kudu mawa surat pindah tea tapi hoream
ngurusna. (padahal mah gampang ngurusna mah ngan waktuna tea...hehehe)
tadina rek nyieun KTP Kab. Bandung tapi ceuk pa RT ulah waka cenah ke wae
lamun Kabupaten Bandung Barat geus jadi...ngarah teu kudu ngurus dua
kali...hehehhe.

cag...,

"kkbm'69"
-kamari oge Tgl.3 Des aya pamilihan kapala Desa teu kaondang jadi
pamilih...padahal lumayan 2 sora nya...hehehehe...(pedah can kadaftar jigana
mah)

Kirim email ke