alhamdulillah, hatur nuhun pisan kang syam, moal teu pada atoh yeuh barudak 
lamun macaan bodor nu kieu... sanes nanaon kang, abdi mah reueus ka kang syam 
nu tiasa ngemutan bodor siga kitu teh, ngan hariwang we eta teh pengalamaan 
pribadi hahahahaha.... ari ngiringan pasanggiri mah teu acan aya kawantun, 
wantun soteh amengan ka nyalindung we ieu mah hahahahahahaha....

perkawis buku, sim kuring minat pisan, komo kanu kaos na mah, pang japri keun 
we pangaosna sabaraha... aya boneus nu sanes na teu? sugan we aya boneus kaos 
PERSIB nu aya tulisan 'SOBUR' (apal panginten ka kiper nu kiriting tea 
hehehehehe...)

cag,
ds

nw (nambih wartos) : kang, ulah mamawa maia ahmad, salaki na galak, sok 
ngaruksak HP batur...


----- Original Message ----
From: syamridwan <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, 12 December, 2006 4:00:43 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pasanggiri

He he...mangga teh teuing kang Ded!
Bade dipuwur dipowar ge, ngan kade bilih aya kereteg hoyong ngiringan 
pasanggiri, kedah masagi heula heu heu
Pan matak dicemplungkeun ka kusnet ge tos milik sarerea
Ngan wayahna teu dicemplungkeun sadayana, sapalihna mah dianggo tatahar, manawi 
sareng manawi, tiasa janten buku deui.
 
Kang Ded tos gaduh buku keom teu acan? bilih teu acan aya stok diabdi, pas lah 
kanggo mahugi mitoha mah
da dilebetna aya mitoha soleh, mun teu nyerengeh abong tah mitoha teh.
 
Di dunia maia ahmad mah, eh dunya maya teu make ahmad mah, nya lumrah we aya 
seratan anu balik deui ka kandang.
Malihan seueur seratan abdi kapungkur, anu aruih deui ka kusnet, nya bati 
nyenghel we ari kaleresan aya nu posting deui teh.
 
baktos,
sr
 
 
----- Original Message ----- 
From: Dedi Supriadi 
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
Sent: Tuesday, December 12, 2006 2:51 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Pasanggiri


kang syam, hatur nuhun ah, tos seuri meni ngeunah pisan... hahahahaha.. .
kieu ieu teh, sateuacan ku sim kuring di salabarkeun ka batur (istilahna mah di 
'forward' tea), kuring rek nyungkeun widi ti akang, kenging teu upami bobodoran 
ieu disalabarkeun ka batur? sanes nanaon kang, ieu teh aya hubunganna sareng 
'hak cipta' tea, bisi we hanas geus disalabarkeun ku kuring ari pek teh 
tungtungna isuk pageto kalahka balik deui ka imel akang, duka teuing ari ti 
saha2 na mah, ngaranna ge 'dunia maya'. pasti akang reuwas pan? naha bodor made 
in payoez balik deui ka nu boga?? hehehehe...
sok tah, kumaha tah?
 
cag,
ds
.
 



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke