Eta panginten anu namina SPAM teh ki, da biasana dilebetna teh sok aya promosi produk, iklan obat, asuransi, jrrd. anu teu puguh kantorna di mana..
Di-install (naon sundana nya?) antivirus sareng anti-spyware wae atuh ki, tiasa ngagaleuh bajakan (pami teu isin), oge tiasa ngangge versi nu haratis, Misalna AVG sareng SpyBot, di dieu yeuh; http://www.safer-networking.org/en/mirrors/index.html http://free.grisoft.com/doc/5390/lng/us/tpl/v5#avg-anti-virus-free Biasana mah spyware teh nyebar tina SPAM, sareng seuseueurna nu janten korban teh nya anu nembe wawanohan sareng dunia internet --utamina email. Nu margi, pami kenging email nu sakintenna teu dikenal mah delete wae, tong asa-asa, da lamun penting kacida mah panginten di re-send ieuh.. Kitu panginten... Wassalam, Iwan -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Tatang Sariman Sent: Monday, December 11, 2006 11:26 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] assalamualaikum Haturan ayi Iwan, nuhun dibongbolongan, saleresna aki mah mung tuturut munding wae, batur e-mel e-melan ngiring bae bari teu terang, tah ayeuna mah nambihan yeuh, cing engke bade dipilari. Aki teh deuih gaduh ID di YM, tah didinya rongkah pisan eta virus nyangsarakeun batur anu sok online sareng aki, majarkeun teh aki ngintun anu teu pararuguh. Padahal aki mah bujeng-bujeng teuing nyerat bahasa Inggris, da geuning bahasana eta virus teh aya bhs Inggrisan???? Tah ieu kumaha ayi?? Hatur nuhun. Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Punten Ki, eta geuning Ki Tatang teh ngangge webmail Yahoo, asa piraku emailna tiasa keuna ku pirus eh virus.. panginten eta teh nu disebat spyware tea, nanging ari namina Spyware mah teu kedah ti komputer ki Tatang ge tiasa. Asal di address-book komputer eta aya alamat ki Tatang, tiasa wae ngintun email ka batur atas nami ki Tatang, oge tiasa atas nami nu sanes nu aya di address book, dikintun ka saha wae nu aya di address book (ari biasana mah nyandak domainna wungkul, ari namina sok asal wae). Janten eta virus teh teu acan tangtos aya di komputer Ki Tatang. Nanging kangge jagi-jagi, tiasa di-scan keseluruhan ku antivirus naon wae tiasa, asal up-to-date virus databasena. Atanapi, cobian nganggo online scanner, diantawisna ti Trendmicro.com di http://housecall65.trendmicro.com/ sareng http://www.trendmicro.com/spyware-scan/ Mangga ah, mugia mangpaat. Hatur nuhun, Iwan ----- Original Message ----- From: Tatang Sariman To: [email protected] Sent: Monday, December 11, 2006 7:56 AM Subject: Re: [Urang Sunda] assalamualaikum Alaikumsalam, har ari ayi/eneng/euceu/ eh naon atuh nya? kirang kumplit atuh nepangkeun teh? sok teraskeun, da moal dipelet heueheue....., wilujeng tepang oge ketang ieu aki 50 mulud? urang Bdg nuju ngalalana sigah nu heueuh, padahal ngan jadi buruh bari diajar di Msia. Punten anu dipiharep ka sadaya urang sunda bilih aya anu nampi surelek ti aki, saleresna sanes ti aki, eta teh virus atah adol, teu diulem, joldeui jol deui. Manawai aya pangalaman sanasib jigah aki, cing baledogkeun kumaha carana supados teu diserang virus????hatur nuhun sateuacana. salam hormat. fauziah_geo01 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: wilujeung tepang..simkuring wargi anyar ti sunda wassalam Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question on Yahoo! Answers.

