judulna kaleuleuwihi? pasti! tapi pan cek elmu pasaran eh elmu taeun teh?, lamun hayang direret kudu kaleuleuwihi lin? kieu: biasa we pagawean kuring mah gugulusuran di sagara maya. manggih ucapan ibu musdah mulia (di dieu <http://www.tribunkaltim.com/viewweb.php?id=9241>) nu cenah kieu: lalaki poligami bakal leuwih gede 4-5 kali nularkeun panyakit kalamin jeung kanker mulut rahim (sundana?). si ibu nyarandekeun pamanggihna kana buku berbagi suami nu didinya nyutat pamanggih saurang dokter. sedengkeun cek www.pdpersi.co.id<http://www.pdpersi.co.id/?show=detailnews&kode=999&tbl=biaswanita>, cenah kanker ieu tukang maehan awewe nomer hiji di indonesia.
beu naha enya? cing sugan di ieu pajemuhan aya dokter, komo nu ahli kandungan jeung kanker, pangguarkeun! ketang ieu ge keur saha wae nu apal. mangga guar.... naha enya poligami matak kanker mulut rahim? gendudh -- ::daluanggebisatinabincurang::

