Kang Toha, Sertifikat rumah/tanah teh apan diagunkeun ku developer ka BTN. tos sataun can rengse....(jiga dihakan rayap, hehehe). nyimpen bukti pembayaran ti saprak akad? buku tabungan batara na di update? yupami ngagaleuhna kenging over kredit? tos di balik namakeun? sok lengkepan. ieu sanes ngabibita..atanapi ngalelewe simkuring 2 (dua) bulan katukang ngalunasan ka BTN. salasa bayar lunas, proses, rebo sertipikat tos kacandak tuh. cenah bade sertifikasi... ngagaleuh bumi (bayar cash) di area perumahan. ti saprak ukur tanah, dugi ka ppat kanggo akad...mung 3 (tilu) mingguan lah. sertifikat, konci bumi tos katampi tuh. (sok lah bumi nu ieu bade diical,di villa pelamunan indah 246/45)
-----Original Message----- From: Ahmad Toha [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Tuesday, December 12, 2006 2:41 PM To: URANG SUNDA Subject: [Urang Sunda] Tulungaaan.....,Kuring Tulungan..! Ka para wargi sadaya, sim kuring bade nyhunkeun tulung 1. Dupi ngadamel sertipikat rorompok, lamina 10 tahun cekap teu ? Rorompok sim kuring anu nganjukna ka BTN jalan Jawa Bandung, parantos sataun dilunasan, tapi sertipikatna teu acan rengse ( mun ti ngawitan akad nganjuk tos 10 taun langkung ). Ditaroskeun ka bagean sertipikat teu acan keneh wae, dikintunan suralek ka web master btn.co.id teu di palire. Kedah kamana nya ? 2. Sateuacan di renopasi sim kuring gaduh jongko di Pasar Andir, saparantos direnopasi gaduh jatah kapling jongko deui, ngan yaeta kedah dicicil deui. Kanggo DP ( Duit Panjer ) aya, tapi kanggo nyicil renghap ranjug. Dupi sertipikat jongko sateuacana tiasa di ical ? Atanapi saena di DP an heula teras diical ? Punten nyuhunkeun bongbolongan ! Hatur nuhun Emod

