> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kang hasbi, sabenerna mah darwin teu nyebutkeun monyet berevolusi 
> jadi manusa. ngan manusa jeung monyet boga ninimoyang 
> (nenekmoyang) nu sarua. teuing naon ngaranna.

Tah enya, kurang leuwih kitu, jadi manusa teh "dulur misanna" 
kunyuk ...hehehehe. Kuring lain rek ngajak percaya kana Teori Darwin, 
sabab dina elmu pangaweruh mah teu  aya istilah SAMI'NA WA ATHO'NA. 
Dengekeun, terus langsung percaya/taat. Masih kabuka keur 
ngaruntagkeun teori Darwin, sabab teori Darwin lain potsulat (kaidah). 
Tah lamun geus jadi Kaidah (hukum), bebeneranana geus ampir bener 
pisan, siga Hukum Gravitasi Newton dina Fisika, nu bisa dipake 
nerangkeun yen Dunya teh ngurilingan Panonpoe.

Tapi ngaruntagkeun Teori Darwin, henteu gampang, sabab teori ieu boga 
bukti-bukti anu kuat pisan. Nu boga niat ngaruntagkeun kudu boga 
disiplin elmu nu sarua jeung oge digawe dina widang eta. Memang aya 
buku nu make judul "Teori Darwin Runtuh" karangan Harun Yahya. Tapi 
ieu ngan sakadar buku keur dibaca samemeh sare, Harun Yahya lain ahli 
dina widang biologi/ athropologi. Eusi bukuna ukur cutut-cutat artikel 
ti para akhli, nu sadayana oge akhli2 nu ngadukung Teori Darwin. 
Dicutat sapotong-sapotong, dihijikeun (dikompilasi) .... terus 
langsung surak .... horseh ... Teori Darwin runtag. Atuh ari kieu mah 
siga nu maen bal diwasitan ku wasit badminton ....

Baktos,
WALUYA



Kirim email ke