--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Walah dipakaitkeun jeung Ibnu Al Nadim, beu eta mah atuh tukang maca
jaman baheula idola kuring, aya deui lamun soal buku mah tapi nu ieu
mah ti Perancis ngaranna mah asana Boulard, sarua tukang ngumpulkeun
buku, nepi ka aya istilah "biblioholik" atawa sok disebut "literary
addiction".

Tuh, pan, kaluar tah elmuna? Hehehe... 

Punten, Ua. Sanes nyalutak, nyungkun, nyindir, komo bade "ngajilat"
(naon basa Sundana?) mah. Pedah dipaparin buku atanapi naon... Eta mah
tawis hormat abdi ka pangersa: Nandonkeun waktos sareng sanesna 
kangge ngagugulung buku Sunda atanapi nu pakait sareng Sunda.

Palih dituna, Ua teh aya di Bandung palih kidul. Hartosna, numutkeun
abdi, Ua mantuan Pemkot dina ngawangun "infrastruktur kabudayaan/seni"
kota Bandung. (Bari Sunda deuih!) Matak, kamari abdi "ngeleketek" Ua
sangkan ngamangpaatkeun fasilitas nu aya di kompleks Ua: Bandung
"beurat teuing" ka kaler. Sagala aya di kaler -- sanaos,
alhamdulillah, dina  perkawis outlet sareng Makro mah, tos aya oge di
Buahbatu. (Insya Allah, enjing pageto, pangacaprukan abdi perkawis ieu
urang alungkeun ka milis).

Perkawis nyerat nu teu terstruktur? Saur saha? Maos seratan Ua nu
ditangkodkeun dina email, jentre bari teu ngacapruk siga abdi. (Abdi
nyebat maneh ngacapruk teh sanes dalam rangka "low profile high
profit", Ua. Tapi, rumaos: Pipikiran teh sok bebelecetan teu puguh.
Nepi ka pun bojo mah sok nyureng mun maca seratan abdi teh. Komo, mun
eta seratan teh dina Basa Sunda. Nyurengna teh campur manyun).

Sajarah? Saleresna mah nu dipiharep ku abdi, sanes mung perkawis
sajarah atanapi kakaruhunan. Nya, naon bae. Asal ngeunaan Sunda
atanapi ku Basa Sunda -- bari rada panjang. 

Margi, nu karaos ku abdi: Nya ku remen maos posting-posting di ieu
milis, Basa Sunda abdi teras kaasah. Matak, abdi moal bosen ngeleketek
Ua: Teraskeun "kuliah Reboan" kapungkur teh. Atuh, bade ditambihan ku
ringkesan buku-buku nu aya di pabukon Ua, nya langkung sae. Pan, urang
nurutan Al Nadim? Hehehe... 

Tapi, leres Ua: Asana teu acan aya buku nu ngaringkes buku-buku Sunda
nu aya, ti awitan Balai Pustaka dugi ka ayeuna. Matak, sakantenan bae:
Ramatloka nu kamari dipagunemkeun di ieu milis ge kedah diemutan deui.
 Naha, misalna, salah sawios ramat loka teh bade nurutan Gutenberg
Project, nu gaduh ambisi ngadigitalkeun kumna karya-karya sastra nu
terbit di Barat? Atanapi, bade kumaha?

Sakitu bae heula, Ua. Punten upami ngalantur.

Baktos,
Pun Maman
 



  










 

Kirim email ke