Wa'alaikumussalam wr wb
Kang akos wilujeng angkat ibadah haji, mugia akang sareng teteh na sing di 
paparinan kabagjaan, kalancaran salami ibadah, sareng mugia  janten tamu Allah 
swt anu istimewa tur mabrur, amiin yaa robbal'alamiin, teu hilap sim kuring 
Nata oge neda di hapunten bilih aya kelelepatan
anu dihaja atanapi anu teu di haja.

K Nata
  ----- Original Message ----- 
  From: Akos Kosasih 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, December 13, 2006 11:50 AM
  Subject: [Urang Sunda] Neda Pidu'a


  Assalamu'alaikum Wr. Wb.
  Para wargi milis Kusnet sadayana,
  dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo
  insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji.
  Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi
  sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun
  bojo dipaparinan haji anu mabrur.
  Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh
  babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring
  nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku
  anu teu ukur.
  Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya.

  Sakitu heula anu tiasa kapihatur,
  Wassalam,

  baktosna akos


   

Kirim email ke