Kang Asep,
Kumaha damang? Di Bogor teh linggih di palih mana? Minggu itui abdi ti Pabrik 
Es, ua pun bojo ngantunkeun.

Baktos,
MGT






----- Original Message ----
From: Asep Salmon <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, December 14, 2006 1:00:42 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Neda Pidu'a


Waalaikumussalaam..................
 
Kang Akos sarimbit, 
Wilujeng marengkeun ibadah haji............
Mugi janten haji mabrur & mabrurah.............
Mugi mulih deui ka lemah cai & kakulawargi dina kaayaan sehat wal afiat 
 
AS
 
 
 
 
 
----- Original Message ----- 
From: Akos Kosasih 
To: [email protected] 
Sent: Wednesday, December 13, 2006 7:50 AM
Subject: [Urang Sunda] Neda Pidu'a


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Para wargi milis Kusnet sadayana,
dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo
insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji.
Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi
sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun
bojo dipaparinan haji anu mabrur.
Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh
babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring
nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku
anu teu ukur.
Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya.

Sakitu heula anu tiasa kapihatur,
Wassalam,

baktosna akos




 
____________________________________________________________________________________
Yahoo! Music Unlimited
Access over 1 million songs.
http://music.yahoo.com/unlimited

Kirim email ke