Tiasa teu diusahakeun calon independen kanggo cagub Jabar? Lamun teu tiasa kunaon Aceh tiasa? Apa kudu aya samodel GAM heula supados tiasa?
mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In [email protected], ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Oge diantos nu bade nyalonkeun jadi Gubernur Jawa Barat, pan sakedap deui, 2008. Sawatara waktos kapengker, sim kuring "bobogogan" sareng Pa Erry dina SMS. Duka ti mana kawitna, bet anjlog kana perkawis ieu: Saha kinten- kintenna nu pantes janten Gubernur Jabar 2008? Sim kuring nyebat Ketua KPK Jabar ayeuna, Setia Permana. Alesananna, kuring kungsi naros ka ieu inohong ngeunaan perkawis ieu. Anjeunna siap -- upami dipercanten rahayat mah. Oge, katingalna, teu gaduh cacat permanen. Boh korupsi atanapi sanesna. Mung, pamendak Pa Erry, Setia Permana dianggap sepuh teuing. Numutkeun anjeunna, langkung sae nu anom. Harita sim kuring nyela, "Ku naon teu Pa Erry bae?". Anjeunna karah "ngaheheh". Emutan sim kuring, lian ti lami icikibung di BUMN, Pa Erry kapeto janten Wakil Ketua KPK. Hartosna, gaduh komitmen kana meresihan korupsi -- nu janten bibit buit pagebug rongkah kiwari. Kalih ti eta, salaku birokrat, anjeunna kantos dileler Hatta Award -- pangleler, upami teu lepat, kanggo kumna birokrat nu dianggap beresih sareng teu kapalidkeun ku banjir bandang nu namina korupsi tea. Nanging, Pa Erry karah nyodorkeun nu sanes. Kawitna Pa Anu, tilas Ketua PGRI tea -- namina nuju hilap. (Atanapi masih kitu?). Pasangannana urang PKS Jabar, nu sawatara waktos kapengker ngabongkar dana kavling tea. Abdi ge hilap deui namina. Ongkoh teu kenal, we. Mung, perkawis urang PKS ieu, ku sim kuring teh "ditolak". Alesannana, harita, sim kuring keur geuleuh ka ieu partai pakait sareng RUU Anti Pornografi. (Maos eta draft undang-undang asa diteungteuinganana: Urang, salaku rahayat, dianggap teu boga moral sakeclak-keclak acan. Eta bae aya ayat nu unina, kirang langkung, "teu meunang silih cium di tempat umum". Jalma waras mana nu rek ngalakukeun hal ieu kieu patut?). "Mun bade, beresan heula soal ieu," ceuk sim kuring, siga nu heueuh. Sim kuring nyanggem peryogina ngarawu urang Cirebon khususna, urang Pantura umumna: Nu remen luhlah sareng "aral", dugi ka sok pating kecewis hoyong misahkeun diri ti Jabar. Nya, ahirna, pasangan nu kaemut harita teh: Urang PKS tea sareng Elang Cirebon nu ayeuna janten anggota DPD tea. Duka, tah. Kumaha salajengna. Janji bade nguriling ge teu acan kalaksanakeun. Kabujeng pakepuk ku cicing. Hehehe.... Baktos, Pun Maman --------------------------------- Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

