hehe. ka dinya emutan teh. haha. teh, harita, di wewengkon Gedong Sate, wangunan nu aya teh nya eta, gedong sate. teu ayan nu sanes. sabudeureunana masih sawah atawa kebon. aya dina buku2 karangan suwargina (almarhum) Haryoto Kunto, kuncen bandung. dina foto eta sigana gedong satena nembe rengse. tatangkalan oge teu acan pinuh atawa jarangkung.
gedong sate diwangun walanda asalna pisan mah sanes kanggo kantor gubernur, tapi ngan saukur calon kantor dinas pekerjaan umum. dipayuna, kenca katuhu gedong sate ka kaler, dugi ka sekeloa kitu, rencanana mah calon pusat pemerintahan ibukota Hindia Belanda. ibukota hindia belanda teh bade dialihkeun ka bandung, ngan teu kabujeng, jepang kaburu datang nyerbu. mj http://geocities.com/mangjamal > Abdimah nembe terang, geuningan Gedung sate kapungkurteh awon pisan nya, > meni corengcang teu aya tatangkalan pisan, jiga sanes kantor pemerintahan > nya, etawe tegalan teu kaurus, jukut disapipireun jalan jabrig, naha > Belanda anu ngajajah Indonesia teh miskin kitu, dugi ka teu sangup ngurus > gedung nu ngan sakitu. > > Komo geuning alun-alun Bandung mah meuni sareukseuk kitu. Jiga sanes kota > geuningan nya, jigana kumuh pisan kapungkurmah alun-alun teh nya. > > Wilujeng atuh ka urang Bandung anu tiasa ngaronjatkeun Bandung janten > endah. > > salam > ely > >

