Walaikum salam wr. wb. Wilujeng angkat kang akos+istri mugia sing lungsur-langsar, dipasihan kasehatan sing janten haji anu mabrur. sami-sami sim kuring oge nyuhunkeun dihampura.
Ngiring bingah baktos ERN --- In [email protected], "Akos Kosasih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > Para wargi milis Kusnet sadayana, > dina poe Senen ping 18 Des minggu payun, sim kuring sareng pun bojo > insyaAllah bade angkat ka tanah suci kanggo ngajalankeun ibadah haji. > Kukituna, sim kuring sareng pun bojo nyunkeun pidu'a ti para wargi > sadayana sangkan ibadah haji anu baris dilakonan ku sim kuring oge pun > bojo dipaparinan haji anu mabrur. > Teu hilap, ka kadang wargi anu tos meh 3 taun ieu pagilinggisik boh > babakan maya oge dina sarupaning kopdar, kempelan, HBH jsb, sim kuring > nyunkeun pangampura boh bilih aya kecap anu teu ka tata atanapi laku > anu teu ukur. > Mangga urang silih duakeun, mugia Alloh ngahampura dosa urang sadaya. > > Sakitu heula anu tiasa kapihatur, > Wassalam, > > baktosna akos >

