Saur cenah mah, nu ngaranna evolusi genetik teh lain ku
nyaluyukeun-nyaluyukeun teuing... organisme2 renik model virus atawa 'Bah
Teri', bisa salamet tina antibiotik atawa antivirus kusabab materi genetik
dina jero awakna memang salawasna robah SACARA ACAK, teu dijurung ku kaayaan
lingkungan anu beda jeung samemehna, misalna, atawa kusabab kakeunaan ku
rupa2 jat anu ngabalukarkeun mutasi (teu sadaya mutasi ngaruksak). Tapi
memang, ya oge parobahan anu mangrupa hasil tina eupan ti lingkungan, tapi
ieu mah kasusna husus pisan, teu dina sambarangan tempat. Misalna bae aya
sarebu bah teri ngalaman parobahan genetik. nu hiji parobahanana kitu, nu
hiji deui parobahanana kieu, nu sejenna deui parobahanana beda deui. Beda
parobahan anu dimaksud teh bisa beda perenahna atawa beda bentukna, nu
balukarna oge rupa2. Aya nu teu pangaruh naon2, aya nu ngabalukarkeun cacad,
aya oge nu ngabalukarkeun eta mangkeluk jadi weduk kana antibiotik. Tah,
dina pasna eta nu sarebu teh asup kana lingkungan anu beda, tangtu
kamampuhan hirupna oge jadi beda. Anu mutasina kabeneran cocog jeung
parobahan lingkungan mah nya salamet, sedengkeun anu henteu mah nya tiwas.
Tah eta nu katelah seleksi alam tea.

Model mutasi anu dipedar di luhur teu sarua jeung mutasi anu karandapan ku
organisme multiseluler model sasatoan atawa tutuwuhan, sabab sistim
genetikna ge geus jauh leuwih canggih & pajeulit batan bah teri. Bakating ku
canggih, nepi ka hese ngadongengkeunana oge! Heuheu... alesan... padahal mah
teu nyaho...

On 12/14/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Kunaon loba virus anyar? .....heuheuheu sakali deui Darwin
nunjukkeun teorina teh ampir bener. Virus, mahluk hirup
pangleutikna, bisa mutasi jadi virus anyar, nu sifatna beda jeung
virus karuhunna. Virus nyaluyukeun diri kana lingkungan ......

Kirim email ke