Siganamah "jurig" profesionalitas teh can kudu dihudangkeun ngarah PNS (ketang kabeh pagawe) kasurupan ku eta jurig. Lamun ngan saukur hayang dibayar gede mah, lain ukur PNS nu hayangeun teh, Uing oge hayang, ngan naha surup eta gajih teh jeung kualitas pagaweanana, ayeuna gajih guru/dosen memang leutik pisan tapi urang nyokot hiji kasus geura, dosen PTN nu kabagean ngajar 2 sks, ngan datang ka kampus pas ngajar hungkul, tara teuing toal-toel kana "persiapan ngajar" da cenah geus apal ieuh ti taun ka taun sarua eta-eta keneh. Lamun dirasiokeun gajihna si dosen eta jeung pagawe anu gawena senen nepi ka juma'ah, 8 jam sapoe, meureun rasio gajihna teh leuwih gede ... tah lamun kasurupan ku jurig profesionalitas mah pak dosen teh kuduna meureun datang unggal poe gawe ka kampus ngarah barudak anu deuk tatanya (asistensi) teh gampang manggihan manehna. Nya pantes pisan lamun gajihna ditaekeun teh. Tah ayeuna mana nu tiheula ... gajihna taekeun heula atawa profesionalitasna heula ... cikan kumaha tah.
Salam, Budyana On 12/14/06, Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk, Kang. Malih, kriteria nu diajengkeun ku salira teh kedah ditegeskeun: Hiji pamajikan, dua budak, hiji nu babantu. Pan ayeuna mah nu babantu teh geus jadi hiji kawajiban? Mung, aya masalah sanesna, Kang: Dina sabaraha lami eta standar teh tiasa dihontal? Atanapi, sigana, nu diajengkeun ku salira teh angka standar kangge dosen enggal, nya? Nanging, dina halna ngiridit bumi, ti mana anjeunna kenging DP-na? Salam, MGT *tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Kang Maman, Kuring rek ngobrol make aturan aktual ayeuna. Ceuk kuring, geus waktuna gaji Dosen teh naek sapuluh kali lipet ti nu ayeuna. Rasionalisasina: ------------------------------ Cheap Talk? Check out<http://us.rd.yahoo.com/mail_us/taglines/postman8/*http://us.rd.yahoo.com/evt=39663/*http://voice.yahoo.com>Yahoo! Messenger's low PC-to-Phone call rates.

