Seug Kang, ke  upami geus pareng rineh urang ngadongeng perkara Kandaga. Ari
kuring mah ukur anu nyambung-nyambungkeun wae diantara kanca-kanca, rumasa
lain patani. Anu praktekna mah seuseueurna barudak ngora jeung kokojona, US
anu geus lila ngumbara di Inggris ---anu gaduh hobby tatanen organik. Lahan
di Panaruban mah salah sahiji alternatif bae, da puguh Kandaga mah mekarkeun
konsep "fungsi lahan" lain "mibanda lahan".

Anapon anu masih jadi hahalang ayeuna nyaeta soal komunikasi. Bubuhan
manajemen teh (rapat-rapat, jst) dilaksanakeun kalawan mateakeun internet,
nya can pati lancar kusabab budaya urang dina ngagunakeun internet. Muhun
eta oge anu atos kahontal mah pikaresepeun: kumpul dina jam anu sarua, ol
bareng bari siga rapat (aya jejer jeung sasaran ngobrol) dina conf YM. Ari
jadual komunikasi via internet mah tos maneuh, ngan nyaeta, can kaparengkeun
bisa sadayana (22 anggota) ngobrol bareng, sok aya wae anu aya halangan, boh
soal akses anu teu sampurna, atawa memang teu tiasa OL. Di Panaruban anu
keur disorang minangka praktek prototype tina naon anu salila ieu
dipadungdengkeun.

Sakitu wae heula, kapayun manawi pareng urang sambung deui.

baktos,
manAR





On 12/14/06, mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  --- In [EMAIL PROTECTED] <tasik%40yahoogroups.com>, Reksa Gantra
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kandaga? Katingalna matak pikabitaeun. Ngadon tatanen organik
sagala. Cik dongengkeun, Kang. Abdi ge hoyong melak cau di kamar.
Hehehe...

Swear, Kang, serius: Kumaha cariosna perkawis beungkeutan ieu teh.
Naon bae ambahannana.

Baktos,
Pun Maman


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Poe Saptu - Minggu geus biur ka Panaruban nepungan kanca-kanca anu
seja ngabaladah tatanen organik. Kandaga, ngaran beungkeutan eta


---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

[Non-text portions of this message have been removed]

--- End forwarded message ---

Kirim email ke